JARO KARJAYA SIAP MAKALANGAN DI CILANGKAHAN
1. Pamingpin
Nu Dipiharep Di Kabupaten Cilangkahan Nu Bakal “NGADEG
|
Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan |
Dina
basa naon wae nu disebut pamingpin mah, kagambar dina kekecapanana.
Dina basa Sunda mah anu ngarana pamingpin saharti jeung nu disebut
kokolot atawa nu dipikolot. Di urang, di Sunda kaasup di Banten
Pakidulan leuwih hususna di Wewengkon Kasepuhan Citorek nyebut
pamingpin teh, diantarana ku sesebutan “pupuhu”. Tah didinya
leuwih eces, eta kecap teh nuduhkeun mun dina dahan mah mangrupa
bagian anu ‘panggeudena’, pangkuatna oge saharti keneh jeung
kecap ‘gegeden’. Sebutan nu kawas kecap di luhur teh ayeuna geus
jadi basa nu ka asup husus. Siga ‘gegeden’ lewih loba dipake keur
sebutan jalma nu ngabogaan pangaruh, komara, atawa ngabogaan hiji
jabatan.
Sebutan
kitu di luhur tangtu wae lain ukur lalambe. Gelar nu disandingkeun ka
jelema, nu dipiharep deuih paripolahna jeung ketakna ogeh kitu saluyu
jeung sebutanana, nembongkeun kapunjulana upama dibandingkeung jeung
jelema nu rea. Komo jeung somah atawa rahayat mah. Upama somah atawa
rahayat murba miharep pisan kanyaah katua, pupuhu, pamingpin,
inohong, ‘jelema geude’ jeung naon wae sebutanana nu
ngagambarkeun ‘tokoh’ atawa ‘pamuka’ masarakat memang pantes
kacida. Kitu teh lantaran pancen nu mingpin teh nalingakeun nu
dipingpina.
Ngan
kumaha cenah kanyataanana pamingpin di jaman ayeuna, utamana
pamingpin di pamarentahan?. Numutkeun kekecapan ti Lord Acton, “nu
boga kakawasaan teh teu weleh nyalahgunakeun kakawasaanana. Saupama
leuwih geude kakawasaanana, atuh leuwih geude mamalana keur balarea”.
Pamingpin
anu hade tangtu wae anu ngaraharjakeun masarakatna. Memang pancen
pamingpin teh loba kacida. Mun ceuk kekecapan kolot mah kagambar dina
kekecapan “gemah ripah sepi paling towong rampog”. Hartina, lian
ti cukup kabutuh pangan jeung sandang teh, matak ningtrimkeun,
lantaran pangaruh pamingpin tea bisa ngandalikeun hamba-hamba hukum
nepi ka ahirna ngabuahkeun hasil katingtriman.
Jenglengan
pamingpin, memang kacida pentingna. Da, nangtukeun kahirupan balarea.
Malah, dina babasan Cina mah apan aya kekecapan “sakumpulan embe nu
dipingpin ku singa, bakal leuwih hade batan sakumpulan singa nu
dipingpin ku embe.” Hartina deui-deui pamingpin teh kacida
nangtukeunana dina kahirupan masarakat nu dipingpina. Malah, nya
akhirna, maju mundur jeung bagja cilakana nu dipingpin bakal geude
gumantungna ka pamingpinna.
Kukituna,
saha wae atawa sakabeh warga masarakat Pakidulan anu ka asupkeun kana
Kabupaten Cilangkahan nu mangrupa pamekaran ti Kabupaten Lebak, nu ku
urang sarerea ayeuna dianti-anti, urang sarerea butuh pamingpin nu
eces ketak jeung paripolahna, mibanda kalungguhan, enya tea mah butuh
pamingpin nu hade, meureun urang oge masarakatna kudu ngabogaan
kalungguhan dina milihanana. Tapi, tetep sagala oge urang jeung urang
dina prak-parakanana kudu bisa silih pikaasih, jeung silih pikanyaah,
cindekna mah aya kekecapan silih asah, silih asih, silih asuh. Nyaah
henteuna pamingpin, bakal nembrak naker. Kari-kari urang ngimeutan.
Pamingpin kudu nganggap masarakat teh kaluwargana. Kukituna,
sawadina, henteu ngaridoan atawa henteu mikeun mun rahayatna loba
keneh nu katalangsara. Moal sugema mun bubutuh hirup nguyang ka
batur atawa ka nagri sejenna, nu ku urang dipiharep ngadegna
Kabupaten Cilangkahan teh, ngaronjatkeun kasuburan kahirupan
rahayatna tur ngabogaan martabat jeung ajen.
Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan
Najan
jauh keneh, aweuhanana mah mimiti karasa. Najan nu sejen mah teu
togmol boga karep jadi pamingpin nomor hiji di kabupaten nu bakal
ngadeg. Ku nembrakeun ieu tulisan oge bakal kaharti tur gampang ka
panggih ku balarea loyogna ieu pakarepan. Karepna ngariksakeun lembur
jeung mateahkeun sagala rupa potensi Cilangkahan geusan kamaslahatan
rahayatna.Dina
milih pamingpin kekecapan kolot, payus jadi cecekelan. Cenah, kudu
asak-asak ngejo bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi
kaduhung jagana. Lantaran mun salah milih, nu kapilih teh melengkung
bekas nyalahan, nu rugimah balarea pangpangna mah rahayat
Cilangkahan.
Warga
Cilangkahan payus miharep, nu bakal kapilih teh pasti nu panghadena.
Ngan kumaha tarekahna? Tangtu wae gumantung ka sakumna pihak nu
patali jeung eta pasoalan. Memang, loba nu kudu jadi catetan. Najan
teu bisa nganjang ka alam pageto, ari ngarampa nu payus dipilih mah
bisa wae. Lian ti eta urang kudu engeuh, timana asal-usul eta calon
pamingpin urang teh, jeung saha wae nu ngarojongna, oge kudu jadi
tinimbangan, ka asup sakabeh calon pamingpin urang ngabogaan track
record-na.
Tah
kukituna dulur sadayana, ieu neuk ngabewarakaeun yen dina danget
ayeuna, bakal ngadeg deui Pamingpin nu bakal ngaheuyeuk dayeuh ngolah
nagara di Kabupaten Cilangkahan, saha cenah eta pamingpin teh? Enya
teges na mah inyana teh jelema nu rancage, cindekna Cageur,
Bageur, Bener, Pinter, Singer, Teger, Panger, Wanter, jeung Cangker.
Jentere na mah sakabeh masarakat oge incu putu Kasepuhan Wewengkon
Citorek neuk “nangtungkeun” nu ngarana Karjaya, nu ayeuna keur
jeneng Jaro di Citorek Tengah, supaya jadi pamingpin, nu ngaheyeuk
dayeuh Cilangkahan, bawirasa miharep supaya ngamaslahatkeun balarea
sakabeh rahayat Cilangkahan. Tangtuna Citorek
Neuk Makalangan
di Kabupaten Cilangkahan.Teges na dulur urang sakabeh, Karjaya teh
mangrupa hiji pamingpin anom anu mibanda kalungguhan dina mingpin
masarakat. Inyana nyangking pangaweruh mingpin sareng leubeut ku
pangalaman.
Pangajak
Ka Balarea Pakidulan, Neangan
Keur Panyaluuhan
Taluntik
ku pikir, talaah ku rasa. Baca ku aranjeun na raga jeung nyawa. Aji
sing taliti tepi kana ati. Jati diri sing kapanggih. Sasakala
naratas jalan. Nu rembet ku areuy, kahalang ku turiang. Tangkal nu
maneuh, pinuh ku mangandeuh. Sirung teu kaur jangkung,balas ka rurug
pangpung. Tunggul karimbunan kalakay,peuntas wahangan. Pepetetan
kasered, teu kari nancebkeun akar. Hanjuang bahan rebutan,jadi dina
tatangkalan.
Manuk
ngupuk nyusup na dapuran bitung, dadana beurat ku daluang. jangjangna
bareuh ku careuh. Gajah reuneuh sidengdang na dahan pare, hese arek
mependena. Singa nyembah ka peucang, ajag di hakan hayam. Gunung ka
tutup ku welit, eungap teu bisa engapan. Cai sagara ngocor ka
pasir,sulit rek manggihan basisir.
Di
beulah kulon Nusa, aya petetan nu jadi ku Cireumis. Nu kaluar tina
sela-sela panon nu nunggeulis. Jadi JATI pikeun cukang hamo mentas.
Naratas sasakala jalan keur mamanis. Kalong nungguan waktu pikeun
lumaku.
Bral….,
Citorek Geura Makalangan…..Makalangan
di pakidulan…, estuna pakidulan Cilangkahan ngarana.
Hariwang
nyawang Cilangkahan mangsa nu datang, dumareuda medar waruga
Pakidulan nu tereh sirna, ngan ukur ceuk paribasa. Risi ningali
pangeusi nagri nu geus leungit pangaji jeung jati diri nu sayakti.
Dimana ayana adat Pakidulan? Kamana miangna urang Pakidulan? Dimana
jeung kamana urang Pakidulan di tatar Pasundan?
Citorek
ngagagas rasa, rasa dulur saruntuy baraya sarunday, ngahijikeun rasa
nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda, anyam simpay masing pageuh,
pikeun meungkeut ngarah raket, nu jauh dirangkul, nu anggang diteang,
ngawengku dulur sangkan akur ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem.
Teu cuet kanu beureum teu ponteng kanu koneng, sarta teu ngabogaan
rasa punjul ti batur, loba ngatur henteu akur, kanu ripuh henteu
wawuh pedah ngaku runtuy Ratu, ka papada ngabeda-beda pedah rasa
terah Raja, kacacah mah teu diarah kalah nitah jeung marentah,
kalayan reujeung amarah, mun teu digugu tangtu bendu, mun dipungpang
kalah narajang.
Rempug
jukung sauyunan ngarasa ti Citorek, Cilangkahan Pakidulan ngarana,
ngamumule babarengan ulah rek sawenang-wenang. Paguron tong sieun
kawon pamor lingkung seni ulah sieun kalindih pangarti, padepokan,
paguyuban, yayasan jeung pakumpulan naon bae nu ngarasa mibanda Sunda
ngahempak babarengan kalayan sabeungkeutan silih asah silih asuh.
Ngalatih
teu menta pamrih, ngabalajar teu menta dibayar. Ngatik ngadidik kanu
leutik, ngawarah ka para cacah. Teu talangke kana gawe malahan beuki
rancage, ngahiji ngabdi ka nagri, sarerea bagerak ngarumat
Cilangkahan Pakidulan, sangkan dangiangan, nanjeurna komaraan, pamona
anu kasohor. Lain ukur catur tanpa bukur, estu nyata Cilangkahan di
pibanda ku balarea.
Kiwari
bati ngageuri. Harepan ukur lamunan teuteup kalangkung pinuh ku
kahoncewang-an. Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan. Carita
Pakidulan nu mangsa katukang geus anggang biheung kadongkang,
karinding lawas teu nyanding. Pantun taya nu nuntun. Degung jeung
calung kawas nu bingung. Kacapi ngarincik ceurik. Beluk kur bisa
ngaheluk.
Tarawangsa bati nalangsa. Tari srimpi ngan ukur panggih
na ngimpi. Carita sunda ukur galecokna hate. Samar kajurug nangtung,
samar teuing rek balik deui. Siga tilar ku kamelang, harepan hate asa
pugag rek lumangsung. Tapi yakin dina diri karana widi ti Illahi,
jati diri pasti ngabukti, jati moal kasili ku junti, asal dirina
ngahariji, nagri kudu di pupusti, Cilangkahan Pakidulan ngarana
kudu dipibanda ku salarea.
Di
Bandung Pakidulan teh nangtung, Di Cianjur Pakidulan teh ngahunyur,
Di Tasik Pakidulan teh ngancik, Di Ciamis Pakidulan teh nungeulis, di
Majalengka Pakidulan na moal langka, di Sukabumi Pakidulan pasti, Di
Bogor Pakidulan moal eleh pamor, Di Garut Pakidulan moal ngaluluwut,
Karawang, Subang, Kuningan katut Sumedang, Pakidulan terus patandang,
Di Banten Pakidulan tetep nanjeur, Citorek Papancerna. Runtut raut
sauyunan sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, Amiiin!
Pangagung
kudu jadi papayung pikeun rahayat nyalindung, pajabat kudu bisa
nyambat rahayat sangkan ngaronjat harkat martabat rahayatna tina
hirup nu malarat. Naha urang Sunda ngumara dinagarana sorangan? Cuang
cieung taya keur pakumaha, lieuk deungeun malik lain, lonkewang keur
neangan pamuntangan.
Wawakil
diri dinagari, lain asli urang nagari, pajabat di nagara lain putra
asal Pakidulan. Kamana satria-satria Pakidulan? Naha teu mampuh?
Naha kasilih? Pangagung anu didukung, lamun geus pada maranggung.
Kalah siga nu adigung, dibarung tunggul di rarung Teu panuju kanu
ngadukung nafsuna kalah ngaberung. Tangtuna nu ngadukungna pundung.
Nu marentah geuning semah, mimitina mah someah, padahal geuning
sarakah. Ka pribumi nganggap runtah. Ratug jajantung, ngarasa
kaduhung sagede gunung, peurih ati lir digerihan ku hinis, kasaha nya
rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan?
Gubernur
pangkat nu luhur, salaku papayung agung, nu marentah rahayat sa
Pakidulan, nyasatna sanagara. Hatur rawuh pituturna, bagea
parentahna, sasarengan aparatna katut. wakil rahayatna, pikeun
ngaronjatkeun martabat rahayatna sangkan ulah malarat, kalayan
ngamumule nagarana di sarengan budayana tong hilap adat jeung
bahasana. Para bupati sing tigin kana jangji, ciri pamingpin anu
sayakti, karahayat ulah rek nganyenyeri, jangjina ulah kur ngimpi,
nagari kudu di pupusti sangkan pangeusina walagri.
Ya
Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti, mahlukna pasti
dijaring sareng di aping. Sumujud abdi ka Anjeun Nu Luhur Tur Maha
Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah. Panyawat nu
parah, panyakitna nu ngancik, warasna nu di seja, walagri nu
dipamrih, cageur bageur Pakidulan nu keur wales. Nanjeur deui
nguniang jeung dangiangan, amiin ya robbal ‘alamiin!