Selasa, 19 November 2013

IKET CITOREK


IKET CITOREK
 
Iket disebut oge totopong mangrupakeun jenis tutup sirah tradisional Citorek husus pikeun lalaki anu dipake kalayan make teknik-teknik anu husus. Kecap iket awalna mangrupakeun kecap umum anu ngabogaan harti tali tapi ku sabab anu diiketna sirah anu dilakukeun nalika dangdan kiwari kecap iket jadi kecap husus atawa istilah anu ngabogaan harti iket sirah. Kecap iket asalna tina dua suku kecap i-ket, engang ket ditungtung kecap dina basa Sunda nunjukeun harti pageuh (kuat) saperti kecap ti-pe-pe-re-ket.
 
Iket Urang Citorek
Iket dijieun tina lawon atawa boeh polos atawa batik anu ukuranna bisa saiket atawa satengah iket. Ukuran saiket atawa sakacu nyaeta 90x90cm, 100x100cm atawa 105x105cm anu ngabentuk pasagi. Sedengkeun ukuran satengah iket atawa saparon nyaeta ukuran saiket anu bentuk pasagi dibagi dua sacara diagonal jadi segitiga sama kaki.
 
Dina make iket Citorek aya cara-cara anu husus anu ngahasilkeun karakteristik bentuk fisik iket anu beda beda. Dumasar kana cara make jeung karakteristik bentukna, iket dingaranan ku benda-benda anu mirip jeung karakteristik bentuk iket anu aya di alam sabudereun masarakat. Ngaran-ngaran iket anu dimaksud nyaeta iket barangbang semplak, parekos nangka, parekos jengkol, tutup liwet, lohen, porteng, kole nyangsang jeung liana.

Tidak ada komentar: