Kamis, 12 Desember 2013

Tanah Wasiat "Citorek"



Asa ting sariak sa awak-awak. Neuteup sarakan manjing ka burak, diubrak-abrik cenah neuk neangan kahuripan. Lahan leuweung geus dioper, jadi tegal dom-doman. Nyaho-nyaho geus lesang. Dijaga ku buntelan-buntelan picis. Moal lila deui Citorek ngajadi panineungan.
Deudeuh lemah andon bumetah, leuweung salin jinis jadi tegalan garing, Cimadur salin jinis ngajadi susukan racun, Citorek salin jinis ngajadi empang caina hideung. Dipasing-pasing, dug-deg, ngaleut ngabandaleut, nu pinah ngahelar ninggalkeun lemah cai bari rudin.
Tegal reuma pangangonan pakebonan pasawahan, nu kaboler teu kagarap. Sim salabim disihir disulap jadi lahan kosong teu kapake kaarah. Tanah wasiat pengeusina buriak birat, paburencay paburisat. Kalindih ku pokalna. Da bongan sok nyanyahoanan, sok kakawasaanan, doang nu pang kawasana. Teu nolih catur kolot, teu nggeuh amanat karuhun, teu nincak catur nagara.
Ayeuna carita geus deukeut bari jeung geuwat. Ulah pamohalan anaking… kabeh bakal kasungsi, Citorek geus datang kana galih tungtungna. Gancang carita bubuka, ulah disidem nu kulawu. Tingtrim mimiti leungit, bakal leungit nepi ka parat paulna langit. Mangsa beurang mangsa neang jati urang ukur wujud lembur nu simpe, lumbur nukakubek moal nguniang deui.
Tingal ayeuna, lampah rumegag bakal dikuntit rasa hariwang, maturan mata poe nu teu nyusud tapak bulan. Geuning Citorek katalimbeng na sungapan dunya. Ti renghap ka renghap, lelengkah muru congo catur jeung lalakon nu lana. Tah di die bakal kinkin rudin subaha marudah. Engke ngoneal pananya purba: Galih Citorek naha ilang dangiang?

(Hyang Kuncung Jampana)

Tidak ada komentar: