Selasa, 19 November 2013

Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan


Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan

  1. Pamingpin Nu Dipiharep Di Kabupaten Cilangkahan Nu Bakal “NGADEG”
Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan

Dina basa naon wae nu disebut pamingpin mah, kagambar dina kekecapanana. Dina basa Sunda mah anu ngarana pamingpin saharti jeung nu disebut kokolot atawa nu dipikolot. Di urang, di Sunda kaasup di Banten Pakidulan leuwih hususna di Wewengkon Kasepuhan Citorek nyebut pamingpin teh, diantarana ku sesebutan “pupuhu”. Tah didinya leuwih eces, eta kecap teh nuduhkeun mun dina dahan mah mangrupa bagian anu ‘panggeudena’, pangkuatna oge saharti keneh jeung kecap ‘gegeden’. Sebutan nu kawas kecap di luhur teh ayeuna geus jadi basa nu ka asup husus. Siga ‘gegeden’ lewih loba dipake keur sebutan jalma nu ngabogaan pangaruh, komara, atawa ngabogaan hiji jabatan.

Sebutan kitu di luhur tangtu wae lain ukur lalambe. Gelar nu disandingkeun ka jelema, nu dipiharep deuih paripolahna jeung ketakna ogeh kitu saluyu jeung sebutanana, nembongkeun kapunjulana upama dibandingkeung jeung jelema nu rea. Komo jeung somah atawa rahayat mah. Upama somah atawa rahayat murba miharep pisan kanyaah katua, pupuhu, pamingpin, inohong, ‘jelema geude’ jeung naon wae sebutanana nu ngagambarkeun ‘tokoh’ atawa ‘pamuka’ masarakat memang pantes kacida. Kitu teh lantaran pancen nu mingpin teh nalingakeun nu dipingpina.

Ngan kumaha cenah kanyataanana pamingpin di jaman ayeuna, utamana pamingpin di pamarentahan?. Numutkeun kekecapan ti Lord Acton, “nu boga kakawasaan teh teu weleh nyalahgunakeun kakawasaanana. Saupama leuwih geude kakawasaanana, atuh leuwih geude mamalana keur balarea”.
Pamingpin anu hade tangtu wae anu ngaraharjakeun masarakatna. Memang pancen pamingpin teh loba kacida. Mun ceuk kekecapan kolot mah kagambar dina kekecapan “gemah ripah sepi paling towong rampog”. Hartina, lian ti cukup kabutuh pangan jeung sandang teh, matak ningtrimkeun, lantaran pangaruh pamingpin tea bisa ngandalikeun hamba-hamba hukum nepi ka ahirna ngabuahkeun hasil katingtriman.

Jenglengan pamingpin, memang kacida pentingna. Da, nangtukeun kahirupan balarea. Malah, dina babasan Cina mah apan aya kekecapan “sakumpulan embe nu dipingpin ku singa, bakal leuwih hade batan sakumpulan singa nu dipingpin ku embe.” Hartina deui-deui pamingpin teh kacida nangtukeunana dina kahirupan masarakat nu dipingpina. Malah, nya akhirna, maju mundur jeung bagja cilakana nu dipingpin bakal geude gumantungna ka pamingpinna.
Kukituna, saha wae atawa sakabeh warga masarakat Pakidulan anu ka asupkeun kana Kabupaten Cilangkahan nu mangrupa pamekaran ti Kabupaten Lebak, nu ku urang sarerea ayeuna dianti-anti, urang sarerea butuh pamingpin nu eces ketak jeung paripolahna, mibanda kalungguhan, enya tea mah butuh pamingpin nu hade, meureun urang oge masarakatna kudu ngabogaan kalungguhan dina milihanana. Tapi, tetep sagala oge urang jeung urang dina prak-parakanana kudu bisa silih pikaasih, jeung silih pikanyaah, cindekna mah aya kekecapan silih asah, silih asih, silih asuh. Nyaah henteuna pamingpin, bakal nembrak naker. Kari-kari urang ngimeutan. Pamingpin kudu nganggap masarakat teh kaluwargana. Kukituna, sawadina, henteu ngaridoan atawa henteu mikeun mun rahayatna loba keneh nu katalangsara. Moal sugema mun bubutuh hirup nguyang ka batur atawa ka nagri sejenna, nu ku urang dipiharep ngadegna Kabupaten Cilangkahan teh, ngaronjatkeun kasuburan kahirupan rahayatna tur ngabogaan martabat jeung ajen.
  1. Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan
Najan jauh keneh, aweuhanana mah mimiti karasa. Najan nu sejen mah teu togmol boga karep jadi pamingpin nomor hiji di kabupaten nu bakal ngadeg. Ku nembrakeun ieu tulisan oge bakal kaharti tur gampang ka panggih ku balarea loyogna ieu pakarepan. Karepna ngariksakeun lembur jeung mateahkeun sagala rupa potensi Cilangkahan geusan kamaslahatan rahayatna.Dina milih pamingpin kekecapan kolot, payus jadi cecekelan. Cenah, kudu asak-asak ngejo bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung jagana. Lantaran mun salah milih, nu kapilih teh melengkung bekas nyalahan, nu rugimah balarea pangpangna mah rahayat Cilangkahan.

Warga Cilangkahan payus miharep, nu bakal kapilih teh pasti nu panghadena. Ngan kumaha tarekahna? Tangtu wae gumantung ka sakumna pihak nu patali jeung eta pasoalan. Memang, loba nu kudu jadi catetan. Najan teu bisa nganjang ka alam pageto, ari ngarampa nu payus dipilih mah bisa wae. Lian ti eta urang kudu engeuh, timana asal-usul eta calon pamingpin urang teh, jeung saha wae nu ngarojongna, oge kudu jadi tinimbangan, ka asup sakabeh calon pamingpin urang ngabogaan track record-na.

Tah kukituna dulur sadayana, ieu neuk ngabewarakaeun yen dina danget ayeuna, bakal ngadeg deui Pamingpin nu bakal ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di Kabupaten Cilangkahan, saha cenah eta pamingpin teh? Enya teges na mah inyana teh jelema nu rancage, cindekna Cageur, Bageur, Bener, Pinter, Singer, Teger, Panger, Wanter, jeung Cangker. Jentere na mah sakabeh masarakat oge incu putu Kasepuhan Wewengkon Citorek neuk “nangtungkeun” nu ngarana Karjaya, nu ayeuna keur jeneng Jaro di Citorek Tengah, supaya jadi pamingpin, nu ngaheyeuk dayeuh Cilangkahan, bawirasa miharep supaya ngamaslahatkeun balarea sakabeh rahayat Cilangkahan. Tangtuna Citorek Neuk Makalangan di Kabupaten Cilangkahan.Teges na dulur urang sakabeh, Karjaya teh mangrupa hiji pamingpin anom anu mibanda kalungguhan dina mingpin masarakat. Inyana nyangking pangaweruh mingpin sareng leubeut ku pangalaman.
  1. Pangajak Ka Balarea Pakidulan, Neangan Keur Panyaluuhan 

    Taluntik ku pikir, talaah ku rasa. Baca ku aranjeun na raga jeung nyawa. Aji sing taliti tepi kana ati. Jati diri sing kapanggih. Sasakala naratas jalan. Nu rembet ku areuy, kahalang ku turiang. Tangkal nu maneuh, pinuh ku mangandeuh. Sirung teu kaur jangkung,balas ka rurug pangpung. Tunggul karimbunan kalakay,peuntas wahangan. Pepetetan kasered, teu kari nancebkeun akar. Hanjuang bahan rebutan,jadi dina tatangkalan.
Manuk ngupuk nyusup na dapuran bitung, dadana beurat ku daluang. jangjangna bareuh ku careuh. Gajah reuneuh sidengdang na dahan pare, hese arek mependena. Singa nyembah ka peucang, ajag di hakan hayam. Gunung ka tutup ku welit, eungap teu bisa engapan. Cai sagara ngocor ka pasir,sulit rek manggihan basisir.

Di beulah kulon Nusa, aya petetan nu jadi ku Cireumis. Nu kaluar tina sela-sela panon nu nunggeulis. Jadi JATI pikeun cukang hamo mentas. Naratas sasakala jalan keur mamanis. Kalong nungguan waktu pikeun lumaku.
Bral…., Citorek Geura Makalangan…..Makalangan di pakidulan…, estuna pakidulan Cilangkahan ngarana.

Hariwang nyawang Cilangkahan mangsa nu datang, dumareuda medar waruga Pakidulan nu tereh sirna, ngan ukur ceuk paribasa. Risi ningali pangeusi nagri nu geus leungit pangaji jeung jati diri nu sayakti. Dimana ayana adat Pakidulan? Kamana miangna urang Pakidulan? Dimana jeung kamana urang Pakidulan di tatar Pasundan?

Citorek ngagagas rasa, rasa dulur saruntuy baraya sarunday, ngahijikeun rasa nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda, anyam simpay masing pageuh, pikeun meungkeut ngarah raket, nu jauh dirangkul, nu anggang diteang, ngawengku dulur sangkan akur ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem. Teu cuet kanu beureum teu ponteng kanu koneng, sarta teu ngabogaan rasa punjul ti batur, loba ngatur henteu akur, kanu ripuh henteu wawuh pedah ngaku runtuy Ratu, ka papada ngabeda-beda pedah rasa terah Raja, kacacah mah teu diarah kalah nitah jeung marentah, kalayan reujeung amarah, mun teu digugu tangtu bendu, mun dipungpang kalah narajang.

Rempug jukung sauyunan ngarasa ti Citorek, Cilangkahan Pakidulan ngarana, ngamumule babarengan ulah rek sawenang-wenang. Paguron tong sieun kawon pamor lingkung seni ulah sieun kalindih pangarti, padepokan, paguyuban, yayasan jeung pakumpulan naon bae nu ngarasa mibanda Sunda ngahempak babarengan kalayan sabeungkeutan silih asah silih asuh.

Ngalatih teu menta pamrih, ngabalajar teu menta dibayar. Ngatik ngadidik kanu leutik, ngawarah ka para cacah. Teu talangke kana gawe malahan beuki rancage, ngahiji ngabdi ka nagri, sarerea bagerak ngarumat Cilangkahan Pakidulan, sangkan dangiangan, nanjeurna komaraan, pamona anu kasohor. Lain ukur catur tanpa bukur, estu nyata Cilangkahan di pibanda ku balarea.

Kiwari bati ngageuri. Harepan ukur lamunan teuteup kalangkung pinuh ku kahoncewang-an. Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan. Carita Pakidulan nu mangsa katukang geus anggang biheung kadongkang, karinding lawas teu nyanding. Pantun taya nu nuntun. Degung jeung calung kawas nu bingung. Kacapi ngarincik ceurik. Beluk kur bisa ngaheluk.

Tarawangsa bati nalangsa. Tari srimpi ngan ukur panggih na ngimpi. Carita sunda ukur galecokna hate. Samar kajurug nangtung, samar teuing rek balik deui. Siga tilar ku kamelang, harepan hate asa pugag rek lumangsung. Tapi yakin dina diri karana widi ti Illahi, jati diri pasti ngabukti, jati moal kasili ku junti, asal dirina ngahariji, nagri kudu di pupusti, Cilangkahan Pakidulan ngarana kudu dipibanda ku salarea.

Di Bandung Pakidulan teh nangtung, Di Cianjur Pakidulan teh ngahunyur, Di Tasik Pakidulan teh ngancik, Di Ciamis Pakidulan teh nungeulis, di Majalengka Pakidulan na moal langka, di Sukabumi Pakidulan pasti, Di Bogor Pakidulan moal eleh pamor, Di Garut Pakidulan moal ngaluluwut, Karawang, Subang, Kuningan katut Sumedang, Pakidulan terus patandang, Di Banten Pakidulan tetep nanjeur, Citorek Papancerna. Runtut raut sauyunan sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, Amiiin!

Pangagung kudu jadi papayung pikeun rahayat nyalindung, pajabat kudu bisa nyambat rahayat sangkan ngaronjat harkat martabat rahayatna tina hirup nu malarat. Naha urang Sunda ngumara dinagarana sorangan? Cuang cieung taya keur pakumaha, lieuk deungeun malik lain, lonkewang keur neangan pamuntangan.

Wawakil diri dinagari, lain asli urang nagari, pajabat di nagara lain putra asal Pakidulan. Kamana satria-satria Pakidulan? Naha teu mampuh? Naha kasilih? Pangagung anu didukung, lamun geus pada maranggung. Kalah siga nu adigung, dibarung tunggul di rarung Teu panuju kanu ngadukung nafsuna kalah ngaberung. Tangtuna nu ngadukungna pundung. Nu marentah geuning semah, mimitina mah someah, padahal geuning sarakah. Ka pribumi nganggap runtah. Ratug jajantung, ngarasa kaduhung sagede gunung, peurih ati lir digerihan ku hinis, kasaha nya rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan?

Gubernur pangkat nu luhur, salaku papayung agung, nu marentah rahayat sa Pakidulan, nyasatna sanagara. Hatur rawuh pituturna, bagea parentahna, sasarengan aparatna katut. wakil rahayatna, pikeun ngaronjatkeun martabat rahayatna sangkan ulah malarat, kalayan ngamumule nagarana di sarengan budayana tong hilap adat jeung bahasana. Para bupati sing tigin kana jangji, ciri pamingpin anu sayakti, karahayat ulah rek nganyenyeri, jangjina ulah kur ngimpi, nagari kudu di pupusti sangkan pangeusina walagri.

Ya Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti, mahlukna pasti dijaring sareng di aping. Sumujud abdi ka Anjeun Nu Luhur Tur Maha Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah. Panyawat nu parah, panyakitna nu ngancik, warasna nu di seja, walagri nu dipamrih, cageur bageur Pakidulan nu keur wales. Nanjeur deui nguniang jeung dangiangan, amiin ya robbal ‘alamiin!

Tidak ada komentar: