Kamis, 28 November 2013

Cilangkahan: Jaro Karjaya Siap Makalangan

  JARO KARJAYA SIAP MAKALANGAN DI CILANGKAHAN

1. Pamingpin Nu Dipiharep Di Kabupaten Cilangkahan Nu Bakal “NGADEG
Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan
Dina basa naon wae nu disebut pamingpin mah, kagambar dina kekecapanana. Dina basa Sunda mah anu ngarana pamingpin saharti jeung nu disebut kokolot atawa nu dipikolot. Di urang, di Sunda kaasup di Banten Pakidulan leuwih hususna di Wewengkon Kasepuhan Citorek nyebut pamingpin teh, diantarana ku sesebutan “pupuhu”. Tah didinya leuwih eces, eta kecap teh nuduhkeun mun dina dahan mah mangrupa bagian anu ‘panggeudena’, pangkuatna oge saharti keneh jeung kecap ‘gegeden’. Sebutan nu kawas kecap di luhur teh ayeuna geus jadi basa nu ka asup husus. Siga ‘gegeden’ lewih loba dipake keur sebutan jalma nu ngabogaan pangaruh, komara, atawa ngabogaan hiji jabatan.
Sebutan kitu di luhur tangtu wae lain ukur lalambe. Gelar nu disandingkeun ka jelema, nu dipiharep deuih paripolahna jeung ketakna ogeh kitu saluyu jeung sebutanana, nembongkeun kapunjulana upama dibandingkeung jeung jelema nu rea. Komo jeung somah atawa rahayat mah. Upama somah atawa rahayat murba miharep pisan kanyaah katua, pupuhu, pamingpin, inohong, ‘jelema geude’ jeung naon wae sebutanana nu ngagambarkeun ‘tokoh’ atawa ‘pamuka’ masarakat memang pantes kacida. Kitu teh lantaran pancen nu mingpin teh nalingakeun nu dipingpina.
Ngan kumaha cenah kanyataanana pamingpin di jaman ayeuna, utamana pamingpin di pamarentahan?. Numutkeun kekecapan ti Lord Acton, “nu boga kakawasaan teh teu weleh nyalahgunakeun kakawasaanana. Saupama leuwih geude kakawasaanana, atuh leuwih geude mamalana keur balarea”.
Pamingpin anu hade tangtu wae anu ngaraharjakeun masarakatna. Memang pancen pamingpin teh loba kacida. Mun ceuk kekecapan kolot mah kagambar dina kekecapan “gemah ripah sepi paling towong rampog”. Hartina, lian ti cukup kabutuh pangan jeung sandang teh, matak ningtrimkeun, lantaran pangaruh pamingpin tea bisa ngandalikeun hamba-hamba hukum nepi ka ahirna ngabuahkeun hasil katingtriman.
Jenglengan pamingpin, memang kacida pentingna. Da, nangtukeun kahirupan balarea. Malah, dina babasan Cina mah apan aya kekecapan “sakumpulan embe nu dipingpin ku singa, bakal leuwih hade batan sakumpulan singa nu dipingpin ku embe.” Hartina deui-deui pamingpin teh kacida nangtukeunana dina kahirupan masarakat nu dipingpina. Malah, nya akhirna, maju mundur jeung bagja cilakana nu dipingpin bakal geude gumantungna ka pamingpinna.
Kukituna, saha wae atawa sakabeh warga masarakat Pakidulan anu ka asupkeun kana Kabupaten Cilangkahan nu mangrupa pamekaran ti Kabupaten Lebak, nu ku urang sarerea ayeuna dianti-anti, urang sarerea butuh pamingpin nu eces ketak jeung paripolahna, mibanda kalungguhan, enya tea mah butuh pamingpin nu hade, meureun urang oge masarakatna kudu ngabogaan kalungguhan dina milihanana. Tapi, tetep sagala oge urang jeung urang dina prak-parakanana kudu bisa silih pikaasih, jeung silih pikanyaah, cindekna mah aya kekecapan silih asah, silih asih, silih asuh. Nyaah henteuna pamingpin, bakal nembrak naker. Kari-kari urang ngimeutan. Pamingpin kudu nganggap masarakat teh kaluwargana. Kukituna, sawadina, henteu ngaridoan atawa henteu mikeun mun rahayatna loba keneh nu katalangsara. Moal sugema mun bubutuh hirup nguyang ka batur atawa ka nagri sejenna, nu ku urang dipiharep ngadegna Kabupaten Cilangkahan teh, ngaronjatkeun kasuburan kahirupan rahayatna tur ngabogaan martabat jeung ajen.
  1. Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan
Najan jauh keneh, aweuhanana mah mimiti karasa. Najan nu sejen mah teu togmol boga karep jadi pamingpin nomor hiji di kabupaten nu bakal ngadeg. Ku nembrakeun ieu tulisan oge bakal kaharti tur gampang ka panggih ku balarea loyogna ieu pakarepan. Karepna ngariksakeun lembur jeung mateahkeun sagala rupa potensi Cilangkahan geusan kamaslahatan rahayatna.Dina milih pamingpin kekecapan kolot, payus jadi cecekelan. Cenah, kudu asak-asak ngejo bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung jagana. Lantaran mun salah milih, nu kapilih teh melengkung bekas nyalahan, nu rugimah balarea pangpangna mah rahayat Cilangkahan.

Warga Cilangkahan payus miharep, nu bakal kapilih teh pasti nu panghadena. Ngan kumaha tarekahna? Tangtu wae gumantung ka sakumna pihak nu patali jeung eta pasoalan. Memang, loba nu kudu jadi catetan. Najan teu bisa nganjang ka alam pageto, ari ngarampa nu payus dipilih mah bisa wae. Lian ti eta urang kudu engeuh, timana asal-usul eta calon pamingpin urang teh, jeung saha wae nu ngarojongna, oge kudu jadi tinimbangan, ka asup sakabeh calon pamingpin urang ngabogaan track record-na.

Tah kukituna dulur sadayana, ieu neuk ngabewarakaeun yen dina danget ayeuna, bakal ngadeg deui Pamingpin nu bakal ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara di Kabupaten Cilangkahan, saha cenah eta pamingpin teh? Enya teges na mah inyana teh jelema nu rancage, cindekna Cageur, Bageur, Bener, Pinter, Singer, Teger, Panger, Wanter, jeung Cangker. Jentere na mah sakabeh masarakat oge incu putu Kasepuhan Wewengkon Citorek neuk “nangtungkeun” nu ngarana Karjaya, nu ayeuna keur jeneng Jaro di Citorek Tengah, supaya jadi pamingpin, nu ngaheyeuk dayeuh Cilangkahan, bawirasa miharep supaya ngamaslahatkeun balarea sakabeh rahayat Cilangkahan. Tangtuna Citorek Neuk Makalangan di Kabupaten Cilangkahan.Teges na dulur urang sakabeh, Karjaya teh mangrupa hiji pamingpin anom anu mibanda kalungguhan dina mingpin masarakat. Inyana nyangking pangaweruh mingpin sareng leubeut ku pangalaman.
  1. Pangajak Ka Balarea Pakidulan, Neangan Keur Panyaluuhan 

    Taluntik ku pikir, talaah ku rasa. Baca ku aranjeun na raga jeung nyawa. Aji sing taliti tepi kana ati. Jati diri sing kapanggih. Sasakala naratas jalan. Nu rembet ku areuy, kahalang ku turiang. Tangkal nu maneuh, pinuh ku mangandeuh. Sirung teu kaur jangkung,balas ka rurug pangpung. Tunggul karimbunan kalakay,peuntas wahangan. Pepetetan kasered, teu kari nancebkeun akar. Hanjuang bahan rebutan,jadi dina tatangkalan.
Manuk ngupuk nyusup na dapuran bitung, dadana beurat ku daluang. jangjangna bareuh ku careuh. Gajah reuneuh sidengdang na dahan pare, hese arek mependena. Singa nyembah ka peucang, ajag di hakan hayam. Gunung ka tutup ku welit, eungap teu bisa engapan. Cai sagara ngocor ka pasir,sulit rek manggihan basisir.

Di beulah kulon Nusa, aya petetan nu jadi ku Cireumis. Nu kaluar tina sela-sela panon nu nunggeulis. Jadi JATI pikeun cukang hamo mentas. Naratas sasakala jalan keur mamanis. Kalong nungguan waktu pikeun lumaku.
Bral…., Citorek Geura Makalangan…..Makalangan di pakidulan…, estuna pakidulan Cilangkahan ngarana.

Hariwang nyawang Cilangkahan mangsa nu datang, dumareuda medar waruga Pakidulan nu tereh sirna, ngan ukur ceuk paribasa. Risi ningali pangeusi nagri nu geus leungit pangaji jeung jati diri nu sayakti. Dimana ayana adat Pakidulan? Kamana miangna urang Pakidulan? Dimana jeung kamana urang Pakidulan di tatar Pasundan?
Citorek ngagagas rasa, rasa dulur saruntuy baraya sarunday, ngahijikeun rasa nu mibanda adat, budaya jeung basa Sunda, anyam simpay masing pageuh, pikeun meungkeut ngarah raket, nu jauh dirangkul, nu anggang diteang, ngawengku dulur sangkan akur ngabeungkeut deungeun sangkan tengtrem. Teu cuet kanu beureum teu ponteng kanu koneng, sarta teu ngabogaan rasa punjul ti batur, loba ngatur henteu akur, kanu ripuh henteu wawuh pedah ngaku runtuy Ratu, ka papada ngabeda-beda pedah rasa terah Raja, kacacah mah teu diarah kalah nitah jeung marentah, kalayan reujeung amarah, mun teu digugu tangtu bendu, mun dipungpang kalah narajang.
Rempug jukung sauyunan ngarasa ti Citorek, Cilangkahan Pakidulan ngarana, ngamumule babarengan ulah rek sawenang-wenang. Paguron tong sieun kawon pamor lingkung seni ulah sieun kalindih pangarti, padepokan, paguyuban, yayasan jeung pakumpulan naon bae nu ngarasa mibanda Sunda ngahempak babarengan kalayan sabeungkeutan silih asah silih asuh.

Ngalatih teu menta pamrih, ngabalajar teu menta dibayar. Ngatik ngadidik kanu leutik, ngawarah ka para cacah. Teu talangke kana gawe malahan beuki rancage, ngahiji ngabdi ka nagri, sarerea bagerak ngarumat Cilangkahan Pakidulan, sangkan dangiangan, nanjeurna komaraan, pamona anu kasohor. Lain ukur catur tanpa bukur, estu nyata Cilangkahan di pibanda ku balarea.
Kiwari bati ngageuri. Harepan ukur lamunan teuteup kalangkung pinuh ku kahoncewang-an. Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan. Carita Pakidulan nu mangsa katukang geus anggang biheung kadongkang, karinding lawas teu nyanding. Pantun taya nu nuntun. Degung jeung calung kawas nu bingung. Kacapi ngarincik ceurik. Beluk kur bisa ngaheluk.

Tarawangsa bati nalangsa. Tari srimpi ngan ukur panggih na ngimpi. Carita sunda ukur galecokna hate. Samar kajurug nangtung, samar teuing rek balik deui. Siga tilar ku kamelang, harepan hate asa pugag rek lumangsung. Tapi yakin dina diri karana widi ti Illahi, jati diri pasti ngabukti, jati moal kasili ku junti, asal dirina ngahariji, nagri kudu di pupusti, Cilangkahan Pakidulan ngarana kudu dipibanda ku salarea.

Di Bandung Pakidulan teh nangtung, Di Cianjur Pakidulan teh ngahunyur, Di Tasik Pakidulan teh ngancik, Di Ciamis Pakidulan teh nungeulis, di Majalengka Pakidulan na moal langka, di Sukabumi Pakidulan pasti, Di Bogor Pakidulan moal eleh pamor, Di Garut Pakidulan moal ngaluluwut, Karawang, Subang, Kuningan katut Sumedang, Pakidulan terus patandang, Di Banten Pakidulan tetep nanjeur, Citorek Papancerna. Runtut raut sauyunan sareundeuk saigel, sabobot sapihanean, Amiiin!

Pangagung kudu jadi papayung pikeun rahayat nyalindung, pajabat kudu bisa nyambat rahayat sangkan ngaronjat harkat martabat rahayatna tina hirup nu malarat. Naha urang Sunda ngumara dinagarana sorangan? Cuang cieung taya keur pakumaha, lieuk deungeun malik lain, lonkewang keur neangan pamuntangan.

Wawakil diri dinagari, lain asli urang nagari, pajabat di nagara lain putra asal Pakidulan. Kamana satria-satria Pakidulan? Naha teu mampuh? Naha kasilih? Pangagung anu didukung, lamun geus pada maranggung. Kalah siga nu adigung, dibarung tunggul di rarung Teu panuju kanu ngadukung nafsuna kalah ngaberung. Tangtuna nu ngadukungna pundung. Nu marentah geuning semah, mimitina mah someah, padahal geuning sarakah. Ka pribumi nganggap runtah. Ratug jajantung, ngarasa kaduhung sagede gunung, peurih ati lir digerihan ku hinis, kasaha nya rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan?

Gubernur pangkat nu luhur, salaku papayung agung, nu marentah rahayat sa Pakidulan, nyasatna sanagara. Hatur rawuh pituturna, bagea parentahna, sasarengan aparatna katut. wakil rahayatna, pikeun ngaronjatkeun martabat rahayatna sangkan ulah malarat, kalayan ngamumule nagarana di sarengan budayana tong hilap adat jeung bahasana. Para bupati sing tigin kana jangji, ciri pamingpin anu sayakti, karahayat ulah rek nganyenyeri, jangjina ulah kur ngimpi, nagari kudu di pupusti sangkan pangeusina walagri.
Ya Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti, mahlukna pasti dijaring sareng di aping. Sumujud abdi ka Anjeun Nu Luhur Tur Maha Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah. Panyawat nu parah, panyakitna nu ngancik, warasna nu di seja, walagri nu dipamrih, cageur bageur Pakidulan nu keur wales. Nanjeur deui nguniang jeung dangiangan, amiin ya robbal ‘alamiin!

Rabu, 27 November 2013

PAPARIKAN BASA SUNDA KELAS 8.C SMPN 3 CIBEBER-CITOREK

PAPARIKAN BASA SUNDA KELAS 8.C
SMPN 3 CIBEBER-CITOREK
Nuju Diskusi

Bangbrang dina barungbung
Kulit munding kahujanan
Sangsara kuring sangsara
Gulang guling ngeun sorangan

Daun jarak beubeungkeutan
Dibawa ka jalan geode
Anu harak ngadeukeutan
Hayangeun dibawa hade

Hampelas raga jati
Palataran babalayan
Ikhlas raga sareng pati
Ngabelaas kasaean

Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Sok loba gogodana

Sanungtung dating ti Bandung
Tangtu sok mawa seupaheun
Sanungtung leumpang babarengan
Tangtu manehna boseneun
Ku: HOLIFAH

Tong hilap cahaya nabi
Sanajan dagang toge
Tong hilap ka abdi
Sanajan aya di mamana oge.

Lain mencit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Tapi kabogoh direbut batur

Kudu meuli asin teri
Ja bisi beak asin terina
Kudu daek jadi santri
Ja santri mah loba pangartina

Ka Banten abdi ka Banten
Ka Banten abdi neuk jarah
Hapunten abdi hapunten
Bilih ayan nu salah.
Ku : SA’ADAH

Mang Wiwin ngala japati
Ngalana tina pisitan
Ulah haying kawian ka mang Bekti
Ja mang Bekti mah euweuh duitan

Aya lampu dina masigit
Caang na ka mana-mana
Aya minantu jangkung alit
Hanjakal jebrag sukuna

Cikaracak ningang batu
Laun-laun jadi legok
Anu pecak nyeri huntu
Di alun-alun aya nu nyabok.
Ku : DARWIS WIDAR NAFA

Pa Mul meuli eunteung
Pa Ujur Jiwa raga
Pa Mul mani ganteng
Pa Ujur guru olah raga
Ku: IIK IKMALUDIN

Baju soek tatambalan
Kaput gede jarumatna
Daek soteh ngawulaan
Mun geode ruruwatna

Sing getol nyiar jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol nyiar elmu
Nu guna dunya aherat
Ku : ADIS FAUJI

Laing bangban lain pacing
Lain Kananga kuduna
Lain baban lain tanding
Lain kadinya kuduna

Daun hiris dibeungkeutan
Di bawa aka juru leuit
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit
Ku: USEP MAULANA S.

Ulah haying mawa uyah
Mawa uyah jeung cai
Ulah haying ka ki Barjah
Da ki Barjah tara mandi

Aya huma deukeut situ
Eta huma nu bogana randa
Naha urang sunda the kitu
Mana atuh sisindiranana

Aya buaya jeung gajah
Ka Jampang ngala rambutan
Aya ku loba gaya eta ki Barjah
Leumpang na ungut-ungutan
Ku: EGI RIYAN GALUH

Tari kolot bojong Kaso
Babakan rea hayaman
Beuki kolot beuki nyoso
Beki rea kahayangna
Ku: SITI ROHMAH

Lamun gelas dicekel ku ua
Geus pasti ragag gelas na
Lamun kelas tilu duadu jeung kelas dua
Geus pasti kelas dua nu meunangna

Aya budak alit muter-muter
Pek mang nulungankeun ku maneh
Lamun haying boga budak pinter
Pek di ajar ti ayeuna keneh

Ngeun Allah nu Maha Agung
Lamun teu percaya aya dina al-Qur’an
Jadi jelema ulah sok adigung
Sabab sok dipikahewa ku babaturan

Di jalan loba batu
Batuna pada malangkeun
Tah mung sakitu
Pamudah-mudahan ngahapunten
Ku: SRI YULIANTI

Kudu daek ngaleueut jamu
Guna na nguatkeun kawat
Kudu daek nyiar elmu
Guna na dunya aherat
Aya mobil warna silver
Mobilna keur mawa pare
Lamun maneh haying pinter
Ulah teuing loba sare

Cikacarak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Haying teuing jadi ratu
Anu sok diuk dilolongok

Di laut loba teri
Lauk teri euweuh sisitan
Ulah daek kawin ka santri
Santri mah eweuh duitan
Ku: NOPITA INDRIYANI

Saninten buah santinten
Buahna dikapotan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Jauh-jauh manggul awi
Nyiar-nyiar pi merangeun
Jauh-jauh neang abdi
Nyiar-nyiar pi melangeun

Kacang cilik kacang panjang
Kacang panjang na ayakan
Kaciri urang cirompang
Leumpang na rarampayakan
Ku: SUHERSIH

Nu lumpat kenceng eta kuda
Gung kacida endahna
Saha guru basa Sunda
Geus pasti pa Mul guruna

Di kebon aya nu mincing
Urang teu acan diacukan
Lamun urang eukeur gering
Gera-geura diubaran

Ka mana jalan ka Tegallega
Tuh kaditu ka palih wetan
Ka mana jalan ka surge
Tuh ka ditu ka pangaosan
Ku: SUPRIYATI

Rincik-rincang rincik rincang
Aya roda dina tanjakan
Sidik pisan-sidik pisan
Nyai the bogoh ka akang

Lamun maneh boga keris
Sok paehan lauk hiu
Lamun maneh bias bahasa inggris
Sok maneh hartina “I love you”

Nanggap wayang diheulakeun
Bodorna cepot jeung gareng
Murid nu rajin ngapalkeun
Moal meunang peuteun goring

Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata disusutan
Mun rek milu gera dandan
Cimata geura susutan
Ku: SITI NURASIFAH

Aya hape keur nga geter
Di simpen di gigireun botol
Laum haying jadi jelema pinter
Mun diajar kudu getol

Daun salam buah takokak
Di bawa ka pibuateun
Ngajawab salam anu kompak
Ngarah ganjaran ti pangeran
Ku: ENIK YULYAWATI

Aya budak keur meuting
Lelempangan ka mana-mana
Ulah osok ulin ti peuting
Bisi loba gogodana

Budak leutik namina Iwa
Saspedahan di bumina
Ikhlas raga sareng jiwa
Ngebalaan rerencangana
Ku: NENEG FADILAH

Cereme-cereme namah
Tingal buah takokak
Rame-rame namah
Hanyakal kurang kompak
Ku:SITI SUHARTINI

Daun tiwu beubeungkeutan
Di bawa ka tari kolot
Haying elmu geura ngadeukeutan
Ja bisi geura –geura maot

Ari rantang-rantang panic
Ari sendok, sendok cina
Ari dan-dan sumu santri
Ari mojok pang beukina.
Ku: HOLISOH

Mang Dudi ngala kacapi
Kacapi geode tangkalna
Lamun haying ka abdi
Karik ulin ka bumina
Ku: EDANG

Sangu liwet dating ti wetan
Datangna jampe supaheun
Saing habek nyuratan
Bukti namah manehna nu bogoheun
Ku: JUMHATI

Daunn jarak dibeungkeutan
Di bawa ka jalan geode
Anu harak ngadeukeutan
Haying di bawa hade
Ku: RIFATUL KHOIROH

Buah pare dipelak di sawah
Diurus ku bogana
Tempat cicing jelema di imah
Jelema nu sakola pasti meunang elmuna

Jam dinding jarumna leuleupangan
Ngilikan jam dua belas
Nu nyieun pantun kakarangan
Nu kitu ngarana budak cerdas
Ku: AHMADI

Aya hape keur nga geter
Di simpen di gigireun botol
Laum haying jadi jelema pinter
Mun diajar kudu getol

Daun salam buah takokak
Di bawa ka pibuateun
Ngajawab salam anu kompak
Ngarah ganjaran ti pangeran
Ku : ALTAF A.A. ROSADI

Gunung meletus Halmahera
Di jalana aya dadagangan
Ditingalkeun ku babaturan
Ngegel curuk ngan sorangan

Ka Rangkas papanggih bupati
Pasaran raragagan
Ikhlas raga sareng apti
Ngabelaan kasaean

Leuleumpangan ka kota Paris
Pa sosorang mawa sakoteng
Patepang sareng nu geulis
Pasosorang panganteng-nganten
Ku: FALIDATUL KHOLIFAH

Leuleumpangan ka kota Paris
Pa sosorang mawa sakoteng
Patepang sareng nu geulis
Pasosorang panganteng-nganten
Ku: ROHATO S.

Saninten buah santinten
Buahna dikapotan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Jauh-jauh manggul awi
Nyiar-nyiar pi merangeun
Jauh-jauh neang abdi
Nyiar-nyiar pi melangeun
Ku: TINAH

Selasa, 26 November 2013

Pemuda dan Masa Depan Pertanian Citorek

Sejarah bangsa ini tidak lepas dari kiprah sosok pemuda, perjuangan memperebutkan kemerdekaan hingga mempertahankan kemerdekaan merupakan bukti eksistensi pemuda. Lengser keprabon Presiden Soeharto pun diwarnai pendudukan Gedung DPR/MP
R oleh puluhan ribu pemuda, aksi-aksi protes terhadap kebijakan pemerintah di masa kini pun juga banyak melibatkan pemuda, maka sosok pemuda tidak boleh dipandang sebelah mata.

Lantas bagaimana peran pemuda di desa-desa yang berada di Wewengkon Citorek yang terdiri dari lima desa terhadap pertanian? Perkembangan zaman yang menyebabkan pembangunan disana-sini tak pelak menimbulkan residu-residu pembangunan berupa masyarakat yang termarjinalkan secara sosial maupun ekonomi. Para petani yang tadinya memiliki sawah banyak yang menjualnya karena adanya alih fungsi sawah menjadi infrastriktur jalan maupun rumah, adanya land grabbing serta himpitan ekonomi membuat makin banyak petani yang lahannya makin sempit bahkan tidak memiliki lahan yang selanjutnya kemiskinan pun menghinggapi mereka yang banyak bekerja di sektor pertanian.

Eforia sumber keuangan masyarakat Wewengkon Citorek makin menjadi-jadi hingga mereka lupa pada pentingnya sawah dan ladang yang selama ribuan tahun telah terbukti mampu dijadikan sumber penghidupan bagi masyarakat. Berprofesi sebagai pemuda yang bertani seolah tidak lagi menjadi kebanggaan, pemuda lebih banyak memilih segala sesuatu yang dapat dijadikan uang secara instan. Kebanyakan mereka lebih memilih menjadi penambang tradisional ketimbang mengurus sawah dan ladang, bahkan banyak diantara mereka menjual sawah dan ladangnya karena dianggap merepotkan. Mereka berfikir bahwa, dengan memiliki banyak uang yang didapat dari hasil tambang tradisional (gurandil) sudah cukup walaupun tidak punya sawah.
Para pemuda tani pun enggan untuk terjun ke sawah (jika pun ada jumlahnya minim), hal ini dikarenakan hasil dari sawah kurang menjanjikan di mata mereka, dan pertanian hasilnya tidak dapat dinikmati langsung, butuh waktu untuk menunggu. Belum lagi kondisi desanya yang jauh dari infrastruktur memadai, pembangunan yang dilakukan tidak mendukung pada peningkatan ekonomi masyarakat tani, hal ini pun menjadi penyebab mereka enggan menekuni profesi sebagai petani, bahkan banyak dianataranya hengkang dari desanya.

Saya pernah mendengar, seorang sosiolog dari Belanda Ben White dalam kuliah umumnya pernah berkata bahwa tahun 1970 an di pedalam Indonesaia, khususnya Jawa Barat, pemuda banyak yang bangga mejadi petani, stiap hari mengolah sawah dan ladang untuk mengais rejeki sebagai sumber penghidupan. Hal ini tentu sudah berbeda dengan masa kini, jumlah sawah di Wewengkon Citorek yang kiat menyusut dan juga kecenderungan pemuda memilih profesi sebagai penambang tradisional (gurandil) dan menganggap sawah dan ladang tak lagi penting di mata mereka. Jika kita bijak, maka sebaiknya profesi bertani harus kita pertahankan sebagai sumber utama dan mencari rejeki selain dari tani kita jalankan, semisal menjadi penambang tradisional (gurandil). Mungkin diantara sekian pemuda masih tetap ada yang melakukan keduanya, yakni ketika selesai melakukan pekerjaan di asawah dana ladang mereka menyempatkan diri untuk mengais rejeki ditambang tradisional menjadi “kuli” atau yang biasa disebut “pamahat” . saya mengkhawatirkan jika pertanian ditinggalkan pemuda, yang ada adalah para orang-orang tua yang masih setia mengayunkan cangkul di lahannya sembari menunggu “pensiun” tiba. Tentu hal ini merupakan persoalan sosial, jika tidak ada pemuda yang terjun ke sawah, lantas siapa yang akan menjadi generasi penerus dari petani-petani tua tersebut?

Salah satu hal yang sederhana yang perlu dilakukan adalah menanamkan pada diri anak-anak kecil yang kelak jadi pemuda untuk mencintai dan menggeluti dunia pertanian. Sangat jarang ditemui orang tua yang menginginkan anaknya jadi petani, sehingga dari kecil hingga pendidikan tinggi bahkan mencari pekerjaan pun “didikte” orang tua untuk menjadi yang lebih dari sekedar petani, termasuk bagi orang tua yang petani sekalipun. Lulusan SD seolah tak perlu masuk SMP yang penting bisa menjadi “pamahat” lulusan SMP pun sama halnya, termasuk lulusan SMA. Bahkan yang melanjutkan sekolah, minat di pertanian masih kalah banyak dibandingkan dengan minat ke program studi yang lainnya. Sekolah-sekolah kejuruan dengan basis pertanian pun juga sepi peminat. Hal ini sungguh ironis mengingat sejak kecil di SD ditanamkan bahwa Indonesia adalah negara agraris. Sudah seharusnya hal ini menjadi masalah kita bersama sebagai masyarakat Wewengkon Citorek agar sektor pertanian khususnya petani menjadi profesi yang mensejahterakan, kebanggaan, keahlian dan tak kalah gengsi.

Kegiatan land reform oleh pemerintah perlu dikembangkan, agar petani-petani yang tadinya tidak punya lahan menjadi punya lahan. Insentif berupa keringan pajak bagi tanah sawah perlu dilakukan, beasiswa-beasiswa bagi pemuda yang minat ke pertanian dan bekerja di pertanian perlu digalakan.

Selasa, 19 November 2013

IKET CITOREK

IKET CITOREK
 
Iket disebut oge totopong mangrupakeun jenis tutup sirah tradisional Citorek husus pikeun lalaki anu dipake kalayan make teknik-teknik anu husus. Kecap iket awalna mangrupakeun kecap umum anu ngabogaan harti tali tapi ku sabab anu diiketna sirah anu dilakukeun nalika dangdan kiwari kecap iket jadi kecap husus atawa istilah anu ngabogaan harti iket sirah. Kecap iket asalna tina dua suku kecap i-ket, engang ket ditungtung kecap dina basa Sunda nunjukeun harti pageuh (kuat) saperti kecap ti-pe-pe-re-ket.
 
Iket Urang Citorek
Iket dijieun tina lawon atawa boeh polos atawa batik anu ukuranna bisa saiket atawa satengah iket. Ukuran saiket atawa sakacu nyaeta 90x90cm, 100x100cm atawa 105x105cm anu ngabentuk pasagi. Sedengkeun ukuran satengah iket atawa saparon nyaeta ukuran saiket anu bentuk pasagi dibagi dua sacara diagonal jadi segitiga sama kaki.
 
Dina make iket Citorek aya cara-cara anu husus anu ngahasilkeun karakteristik bentuk fisik iket anu beda beda. Dumasar kana cara make jeung karakteristik bentukna, iket dingaranan ku benda-benda anu mirip jeung karakteristik bentuk iket anu aya di alam sabudereun masarakat. Ngaran-ngaran iket anu dimaksud nyaeta iket barangbang semplak, parekos nangka, parekos jengkol, tutup liwet, lohen, porteng, kole nyangsang jeung liana.

Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan

Jaro Karjaya Siap Makalangan di Cilangkahan

  1. Pamingpin Nu Dipiharep Di Kabupaten Cilangkahan Nu Bakal “NGADEG”