Selasa, 01 Oktober 2013

Petatah Petitih dalam Sistem Nilai Kasepuhan Citorek

Petatah Petitih dalam Sistem Nilai Kasepuhan Citorek

1)      “Tilu sapamulu, opat sakarupa. Eta-eta keneh”
Tiga sewajah empat serupa, itu- itu juga--sekalipun terdapat bermacam-macam keinginan, sikap dan sifat, pada hakikatnya manusia berasal dari sumber yang “Satu” ‘Yang Maha Kuasa.’
2)      Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.
3)      Sing alus catur ka dulur, sing hade carek ka saderek
4)      Ka lembur loba dulur, ka kota loba baraya
5)      Hareup teuing bisi tijongklok, tukang teuing bisi tijengkang
6)      Sing saha nu bias ngwinkeun langit jeung bumi, manusa jeung kamanusaanana, eta nu disebut pancer pangawinan.
7)      Mipit kudu amit, ngala kudu menta, nganggo kudu nyuci, dahar kudu halal, kalawan ucap kudu sabenerna, mufakat kudu sarerea, ngahulu ka hukum, ngahunyar ka nagara.
8)      Nyaur kudu diukur, nyabda kudu diuger.
9)      Ciri sabumi, cara sadesa.
10)  Sacangreud patri, sagolek pangkek.
11)  Leuweung aya maungan, lebak aya badakan.
12)  Urang lain turunan pinter, tapi turunan bener jeung jujur.
13)  Urang mali sadurunge ulah nihang beusi.
Arti: -  Hirup ngumbara isuk pageto bakal pinanggih jeung ajal, maot ngarana.
                     - Urang di Citorek ngan sementara, cawisan urang parung kujang, urangmah bakal
                       pinah ka Lebak Cawene. Oge mun engke anu lima gunung geus bitu.
14)  Jaga rang héés tamba tunduh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponyo, ulah urang kajongjonan.Yatnakeun maring ku hanteuaga rang ngajadikeun gaga sawah,tihap ulah sangsara jaga rang nyieun kabeu/a/n tihap ulah ngu(n)deur ka huma bet sakalih,ka huma lega sakalih, hamo ma beunang urang laku sadu. Contoan ulah tihap meuli ulah ti tihap nukeur,pakarang ulah tihap nginjeum si(m)but sawet mulah kasarataan,hakaninuman ulah kakurangan.
    sanguni tu meor, ngodok nyepet, ngarebut, ngarogoh, papanjingan, maka nguni di tohaan di maneh, itu leuwih mulah dipiguna, dipitwah ku urang hulun,ulah mopake na sabda atong teuang guru basa, bakti sukila di pada janma, di kula kadang baraya. Jaga rang dipiguhakeun,mulah surad di tineung urang, sangunisalah tenbal, kajeueung semu mo suka ku tohaan urang, ulah, pamali bisi urug beunang di tapa, hilang beunang
Hartina
     Upama urang saré saukur ngaleungitkeun rasa tunduh, nginum tuak saukur keur kahanaangan, dahar saukur keur lapar, montong kaleuleuwihan.  Poma, jaga géto téh urang moal boga nanaon.Pama nyawah, sakadar henteu sangsara,upama ngebon sangkan henteu ngala sayur-sayuran kebon leutik anu batur atawa kebon lega anu lian, lantaran urang henteu bisa menta, mulasara ingon-ingon sakadar pikeun henteu meuli atawa tukeur, ngabogaan pakakas sangkan henteu nginjeum, simbut jeung pakéan bisa kacumponan dahar nginum teu kakurangan.
    Ngabobodo, nyokot, nyopét, ngarebut, ngarogoh, maling harta anu keur saré,oge mondok moek di dunungan. Nu karitu téh omat ulah dipilampah. Ulah tinggaleun ti ucap anu daréhdéh, hormat, sopan, soméah ka papada kadang baraya. Upama meunang kapercayaan nyekel rusiah, poma ulah codéka,kitu deui salah ngawaler, katingali raja urang teu sukaeun, ulah pamali bisi batal hasil tatapa urang, bisi leungit beunang hésé, anu antukna urang pinanggih jeung kasangsaraan.

Tidak ada komentar: