Selasa, 26 Februari 2013

H.Ade Sumardi, SE. Pituin Citorek: NITIS NGAWANCI Pilkada 2013 Kab. Lebak

Nitis Ngawanci: H. Ade Sumardi

Cur  pulung Mandala Agung
Mandala Sastrahing Jendra
Mandala Hayuning Ratu
Mandala Pangruwating Diyu
Mandala Jatining Rasa

Geus ngucur jati rahayu
Jati langit lohing Mahfud
Nitis Bumi Lohing Jinawi
Nitis sumereping ati
Ati kula ati Putu Citorek
Matarema insun-Sukma
Ati Rasa nu sajati
Nu ngancik na jero diri

Pur ngempur cahyaning jati Ade Sumardi
Nu ngebrak gilang gumilang
Nu hurung jero kukurungan

Pur ngempur Mandala Agung
Cahyaning gilang gumilang
Nu nyaangan pawenangan

Sastrahing Jendra, Hayuning Ratu
Pangruwating Diyu, Panggumulung
"Keunupayakeun" Mandala Jati
kana "Kunpayakuning" Mandala Agung

Rep rerep sumere-hing
Gumulung nyarungsum balung
Tis nitis tumitis-hing Jendra
Hayu-hing Ratu
Pangruwat-hing Diyu
Nyurup Ngamanusa "Putu Citorek Sajati"
Dina tangtungan Khalifah.

Khalifah Wewengkon Kadipaten Lebak
Bral.... Bral.... Bral ....
Pidu'a Incu Putu Pangawinan Nyarengan...
Amin ya Robbul'alamiin....

        Kintunan Jabrig Parigi-Citorek