Selasa, 25 Desember 2018

Beja Ti Jasinga Mundinglaya Ti Pajamanan



Mundinglaya Nyukma
Inget jaman baheula di bale romeng, sok ngopi cap Piala. Ngilik na rasa ka jaman na, nya cikopi tea. Hideung na sarua bae. Bari cingogo ngudud Djinggo nu koneng, ngelepus bangun anu behbar jeung jauh sawangan. Sawatara geus 25 taun waktu nu nyerelek teu karasa. Geus lawas ti harita, cindek na anu nyaho borosot na geus pada karasep jeung gareulis. Pangaur Cipangaur, Taman Citaman, Cengklak di Cengklak. Jelema rehe tetep bae rehe.
Ki Ompong, nyurudud ngenyot bako na nu dibungkus ku tulisan Djinggo bari jongjon sila. Sabot sila, angger bae rasa na mah keur keur ngalanglang ka saban-saban pajamanan. Tutunggul anu sakur carita, sakur dina palewatan karuhun. Karuhun-karuhun anu teu bisa nyora, lian kunu bisa kasora dina bisa jeung sorana rasa.Geus lila ka simutan ku sorban, sorban anu ngan sa ukur seungit jeung putih na doang jeung ngaradak, ngajedog, ngawasa. Ngelepus haseup ka luhur, ngahiji jeung pirunan. Anu pirunan na lain tina koleang baheula, daun kaung ngarana.
Waktu anu 25 taun asa samporeteun, lir sakiceupeun mata. Masih parageuh keneh ku sorban, nu saeutik-saeutik mimiti robah wana jeung motifna. Pangaur Cipangaur, girang na nepi ka Nyi Rengganis anu ceunah geulis kawanti-wanti, mencrang kabina-bina. Cipangaur anu ngaur-ngaur, nu baheula na sok ngaurkeun. Citaman, taman parahyang. Paragi maraneh na miceun nu kudu dipiceun. Citaman, para raja para ratu marandi.
Citaman..... pernah ngaing, Ki Ompong manggihan anu geulis kabina-bina euweuh babandingana. Anu geulis dingarana Nyi Nawangsari. Cengklak di Cengklak, patempatan mulangna para kolot, para kolot tiap pajamanan, anu lobana mawa hawa wawanen. Wawanen anu kurasa gagah ku elmuna. Ceunah anu gagah turunan ti kulon, anu lobana teureuh kajayaan. Kaayaan sumeret rehe jempling, di legokeun Cicengklak jeung girangeun Citaman, di lebah na aya hulu cai anu baheula-baheuli na patempatan dumukna hiji kolot anu ngabogaan dingaran Ki Jaya. Inyana anu ngabogaan kadigjayaan, anu baheulana saturunan jeung ngaing, Ki Ompong.
Surudut ngaregot cikopi cap Piala, bari diselang ku ngelepus udud cap 234, katenjo na sampe lentang melentang. Ki Ompong angger sila bari madep ka beulah kulon ngahareupan walungan Cipangaur anu ngalurkeun ka hilir na terus tepung jeung Cidurian madep paku suka ratu. Ki Ompong, canutun bari gegerentes dina hatena “Ngaing ngelepus, seug bari nuturkeun sia nu palid ngalun ka hilir”. Mulangkeun ka hilir, ka laut nu maha luas. Tunggul nu gunati ganti rupa jeung sorana.
Cik anu make sorban jeung sapeci bodas, anu geus poho ka asalna, anu sok ngakukeun kaelmuana. Inyana ngaji lain deui ku pangarti, ngaji kumaha cik ki haji. Nya cik ki haji anu geus pinuh ku elmu nafsina. Sasadu na sasadu anu geus teu ngajenan karuhun, nu geus teu boga rasa kanu nyipta rasa. “Mun ku ngaing di ajak ka jero, moal tea nyaho kana jejerona,” cik gerentes hate Ki Ompong. Nya inyana ki haji ceunah. Anu geus nyieun adat jeung aturan kumaha cik maraneh na bae. Malah mah sok maksa jeung maksakeun sagala kahayang maraneh na. Anu euweuh kudu di aya-aya, anu aya kudu disagawaya ka maranehna. Anu paeh oge malah titah hudang, nurutkeun pisarateun maranehna.
Ki Ompong jongjon ngelepus nyeuseup bako, bari sakapeung ngaregot cikopi hideung cap Piala. Kopi na teu ka ambeu seungit, malah eleh seungit ku seungitna jengkol anu keur diolah-olah di pawon. Dina sila na Ki Ompong inyana ngarasa jeung nyipta dina rasa. Anu geulis anu robah ngawujud nini, anu buuk na teu robah. Anu kasep, nu gagah ngawujud aki aki anu keur di sawah. Geus jamana anu gareulis anu karasep aya di mana-mana. Dandan midang, sabaju papakean, hanteu deui ngabedakeun si cacah jeung si menak. Kiwari jaman pabagus-bagus rupa, jaman ilangna rasa.
Jaman ilangna rasa dina jaman, Ki Ompong ngopi lain jeung seupan atawa beuleum dangdeur. Tapi ngopi dibarengan ku kueh cap ceuli gajah. Kueh anu teu liat, boro empuk mah, malah karasana heuras sari narojosan kana huntu anu geus ompong. Ngurudut deui kana kopi anu geus robah hawa ku hawa tiis. Hiliwir angin ti luar anu karsana geus aya hawa panas tina sabab gunung na geus pada barotak euweuh kayuan. Pagunungan anu geus bareak diala jeung sagala jejeroana. Pilemburan anu baheula pinuh keneh ku rajeg na tangkal kai, kiwari geus salin rupa jadi mangrupa-rupa wangunan, katut sawah oge geus beak kalindih ku wangunan imah. Jaman geus robah, Ki Ompong katingaleun jaman. Kiwari mah pamakungan kebo oge lain ku hateup tina daun kiray, kiwari mah geus make hateup palastik. Atu boa-boa palon kebo oge engke mah pibakaleun make karamik jeung dicaangan ku naeon.
Jaman geus robah, nu gareulis buukna geus robah. Ki Ompong cingogo di sisi walungan Cipangaur, ngaurkeun kanyeri dina pejitna alatan loba teuing barang tegig bari dicampuran cabe rawit. Kokoro meoh, mangpang meungpeung saba kanu mitoha keur loba kenyoheun. Cipangaur, anu caina geus robah warna geus robah rasa. Baheula mah anu palid na di Cipangaur mangrupa-rupa kalakay jeung kokotoran tina tangkal kai anu rarungkad ku angin, atawa catang kai anu geus supaan. Dina jaman kiwari mah, anu palidna geus mangrupa-rupa kokotor anu kacida kotorna. Kiwari mandi oge geus pagirang-girang tampian, nyiar tampian anu herang, teu kawas baheula deui.
Jaman geus robah, Ki Ompong katunggaleun jaman. Hujan ngageubret dibarengan ku kilat jeung gukudu anu siling susul. Lampu neon oge modar. Lembur Leuwi Ceuri wates Cigudeg jeung Jasinga. Lembur Ciceuri ka asup ka desa Argapura nu ngacamatan Cigudeg. Bogor Kulon, Cigudeg teuing baheulana mah Cibudeg anu sarua jeung Citorek. Mun Jasinga, boa-boa baheula mah  Jaya Singaraja. Cigudeg jeung Jasinga, jelemana torek ku rasa ngabogaan kajayaan jeung rasa kagagahan, jeung ngarasana pang kuatna abong boga rasa teureuh ti kulon. Sabab beda jeung wetan, anu ngabogaan sima maung, ngarasa hayang leuwih ku pangarti, nyurup na ka singa. A adatan ngulon, a akuan ngetan. Leuleus heuras.
Ki Ompong cengklak sila tina batu hideung anu geus loba lukutan, bari geus loba lekong ku pajamanan. Rupana Ki Ompong lain buuk anu gondrong dina jaman hideung, tapi inyana geus ngarupa pajamanan kiwari, ngan angger bae ompong na mah sarua bae teu robah. Dina rupana kiwari, moal katebak ku jelema anu boga elmu pangaweruh hanteu dibarengan ku rasa nu nyipta. Rasa nu lobana nuturkeun tungul-tungul anu baheula nyipta ka sakabeh enya dina enyana, ngarupa jeung nganyipta. Moal kacipta ku jelema jaman kiwari anu cenah boga turunan kagagahan. Sanajan oge geus tujuh turunan. Sanajan geus sapeci bodas bari make sorban bari geus lecek ku lalampah. Ki Ompong mah ngan ukur seuri ngadengekeun nu cumarita make babasan elmu maraneh na dina jaman kiwari, nu sapeci bodas jeung sa sorban. Ki Ompong teu openan, inyana numbar bae kahayang maranehna nu cumarita.
Jaman pajamanan, olohok uluhak ngalahek, karesep na bari molor dina teu molor. Kadeuleuna molor, padahal teu molor, inyana dina molor na kokoleyangan, hiber mesat bari hiber na dina teu make jangjang, teu make jasad. Bari dina dohirna nyurudut cikopi anu geus cebrek ku hawa tiis tina cihujan. Madep ka paku suka ratu, hampura ka karuhun Jasinga, cik anu loma maranehna ceunah karuhun, ngan cik Ki Ompong mah, inyana budak kamari keneh. Lain ngabudakeun, hampura ngaing, ja ngaing teu ngarasa ngolotkeun sabab masing-masing hirup pajamana jeung ngain, cik Ki Ompong. Mola nyipta lian teu ka cipta, mola ngaku uing turunan raja, ngan ngaing nyaksian maranehna jaradi raja. Jadi raja dipajamanan.
Cipangaur karagagan hujan jadi robah rupa, kawas cikopi disusuan. Cipangaur loba runtah nu ngalaun palid sagala rupa campur. Ka hilir mawa carita, ka hilir mawa rasa. Anu teu kuat kana tetengerna tinasti rarobah ku sahartina. Ki loa anu pageuh kana emingana, anger teu robah sanajan saban waktu kateungar ku cai anu kacida kenceng na. Ki loa muragkeun bungbuahan, komo buah nu geus bereum ku asakna. Lain deui tangkal cau nu dipasisian, katarajang kabwa jeung bagalna katut turunanana. Ki loa paeh ku umurna, Cipangaur gancang caahna gancang orotna, mana kitu oge teu jauh ti huluna. Dina keur saatna pinuh ku babatuan, nu geude jeung nu leutik.  Cipangaur muara ka Cidurian, anu caina terus mapay ka laut. Ceunah baheula ki Ompong nyorang nyilup di Cidurian nu geus ngahiliran, nu geus pinuh ku leutak jeung ku keusik. Anu batuna geus ngarikil.
Ngaing masih di Jasinga, unggal peuting ngongko jeung batur-batur baheula, batur di bale rombeng. Nya nyacahkeun masing-masing lalampahan. Baturan ratana geus jaradi kyai jeung ustadz, ngan Ki Ompong anu teu jelas. Naon bae kasorang dilakonan kunu Ompong. Untung dina untungna hanteu jelas. Ki Ompong ngan bisa ngadengekeun sagala cacaritaan baturna, sampe ngabarogaan gelar kyai jeung ustadz. Untung oge hiji dua jelema nu saeutik nyaho ka Ki Ompong. Eta oge dina nayhona teu jauh teu apal jelasna kana lalakona ki Ompong. Maranehna geus jaradi ahli-ahli surga, geul loba ganjaran anu dikumpulkeun ku maranehna. Ki Ompong mah siga-sigana asup ahli naraka, teu sajalan jeung baturna nu jadi kyai jeung ustadz.
Cik nu jadi kyai jeung ustadz, satiap laku lampah geus pasti ngahasilkeun ganjaran, eta ganjaran mangrupa tiket asup ka surga, jeung pibakaleun dibaturan ku 70 widadari anu kacida geulisna, di surga tempat na. Cai cur cor madu cai cisusu. Moal kudu weureu atawa kamarakaan, jeung mun ngahiji jeung bidadari moal kudu nginum obat kuat sagala, istana di surga tina lapis emas permata, emas citorek mah euweuh nanaonan. Hayang naon bae tingal online di surga mah.
Ki Ompong ngan ukur bisa ngabadungan jeung seuseurian doang dina ka ayaan kitu teh. Inyana lain bae katingaleun jaman, nu Ompong malah katingaleun dina nyieun ganjaran. Inyana jarang solatna, keur hayang dina solatna oge sok bari susumputan. Boro raah sedekah, boroning loba kahayang, solatna oge tara daek ngajamaah. Tarangna oge teu bau karpet masjid, inyana jauh katingaleun. Boro bisa ngadua, kusabab teu jelas sagalan oge sarua teu jelas.
Cik anu sasamping sapeci bodas, bari make sorban dibarengan ku ngudud dina diuk silana, inyana ngomong ka Ki Ompong,  “Hirup kudu boga elmu, ngarah sagala bisa kacipta. Ku papada oge pada dihormat. Keur hirupna pada ngahormat, dina paehna loga nu nyolatkeun, dina kuburna loba nu ngajarahan”.
Ki Ompong mah katingaleun dina ngaelmuna, dina hirup na oge teu jelas. Boro raah bisa nyipta ja teu boga elmuna. Boro rek dihargaan ku jelema, dina hirup na oge teu boga nanaon. Nu Ompong jaga dina paehna boro aya nu ngajarahan, boa mah jadi bobongkong. Ki Ompong katinggaleun sagalana. Hanteu jadi nanaon, inyan ngan meunang cap Piala doang. Dina keur jaman ngobong oge di bale rombeng, Ki Ompong mah teu jelas. Pagaweana ukur molor, ngaliwet, jeung kekenyoh samalah mah sok bari unjang-anjang kanu cawene. Munasabah inyana balik ti kobong lain mawa kitab sagala rupa, inyana malah mawa kitab antingan anu kiwari geus anakan. Mondok inyana di sababaraha tempat, hiji oge teu daek matuh. Loba wawuh jeung anu disebut ajengan, tapi teu ngajengan. Inyana ki Ompong katingaleun jaman. Jaman dina momondokan.
Nu sapeci Bodas bari disorban, kacida sumangetna magahan ka Ki Ompong. Geus jelas jauhna ngabedakeun ahli surga jeung ahli naraka. Ku wajarna pugah-pagah ka Ki Ompong, ja inyana mah memang tokoh jeung tokoh. Geus boga pangkat kyai haji, ari ki Ompong mah budak kamari. Ulahning jelema, kebo oge tukangeun imah ngaleos bae.
Ngelepus ngaroko bari sakapeung ngaregot cikopi cap Piala, Ki Ompon katimu jeung batur na, nu sa umur-umur ngajar di madrasah bari jeung teu diangkat-angkat jadi pagawe negeri. Sarua rada teu jelasna, rada sarua teu jelasna. Ka kurung ku pangkat guru madrasah, ka kurung ku pilemburan anu panatik kana sareatna. Ka kurung ku kakayakinan kolot-kolot baheula. Manehna rada bae kakiceupan ku ki Ompong. Ngan can wani kokolearan diluar lemburna. Ceunah, menehna boga kolot anu hirupna di tiap pajamanan. Anu geus moal ka akalan ku akal jeung katalar ku nalar dina jaman kiwari. Manehna repe muka sajarah kolot-kolot baheula, katut muka keun ajaranana. Ki Ompong rada bae katimu jeung lawan layan. Lain lawan kanu ngajak kanu caang, ngan mun kitu teh masih make keun keneh kajasingaan. Inyana masih ngalobakeun karasmenan. Karak saur, jeung eceuk can wani ngolah ku sorangana.
Cipangaur herang oge mun keur halodo, usum hujan mah ngarobah warna. Mawa kokotor mawa carita, pinter jeung bodona kumaha cik ilaingna bae. Mana kitu oge Ki Ompong mah nuturkeu bae kaman bae angin hayang niupna. Sabab geus wancina nu handap naek ka luhur, nu luhur kudu daek nyorosot ka handap. Nu buri geura ka hareup, geus ka hareup mah kumaha ilaingna bae. Cipangaur geus ngarobah rasa. Mundinglaya ti pajamanan. 
(Ki Ompong Puger)


Kamis, 19 Oktober 2017

RINGKESAN BUKU, SERAT PANATAS PITUTUR HURIP (Ti Karuhun Muhara Citorek)

Cover payun
Judul                 : Serat Panatas Pitutur Hurip (Ti Karuhun Muhara Citorek)
Panulis              : Mulyadi Sugiansar
Halaman           : 108 Halaman
Bahasa              : Bahasa Sunda (dialek Banten Selatan) 
Taun Cetak       : 2017


Pun !
Sapun !
Ka pupunclak Agung Pamunjung,
Anu Agung Sang Rumuhun,
Hiyang Guru Agung Pangruhum,
Anu Nunggal di Kalanggengan,
Anu Langgeng dina Nunggalna,
Anu ngabogaan sakabéh jagat,
Anu ngabogaan sakabéh alam ….. !
P a r a l u n !

Lain ngusik sulamandina,
lain ngahudang macan turuna,
lain ngungkit nu kamari,
lain ngungkap nu baheulaaa....!
rek ngaguar tutungkusan kaaaruhuuun...!
amit ampun nya paralun,
kagusti nu maha agung,
ka nabi anu linuhung Muhammad anu tinunjung rahmat safaat anu kasuhun...!
sim kuring neda paaaaapayuuuuung...!
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................

Bismillah jadi sekar pangiring catur,
ngajadi tuturus laku,

muru sampurnaning rahayu,
banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah
panyinglar Riya jeung Sum’ah,
anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan,
panundung ujub jeung takabur, 
anu ngagojod dina qolbu,
pangusir anu ngadaki dina ati,
nu tinggal iwal ti setra bersihna ati,
geusan nampa jorelatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW
............................................................................................................................................
Cag heula...,
Urang tangguan anu ceunah neuk kiih heula, keun tah kiih ku hawa pajamanan..
Urang mah sampeur nu aya di sisi cai Cimadur sakiduleun lemur Citorek. Tubagus Marjai Pangadegna awak leutik, make peci, cemul ku huis. Pangaresep Tb. Marjai kopi hideung make gula beureum jeung roko kretek. “Mun rek sila heug dina malem ****”.
Asalna ti turunan Pangeran Ranamanggala turunan Eyang Seda Agung Sakti Ing Wanten ti Wanten. Datangna ka Citorek kira-kira 200 tanapi 300 taun katukang. Tadina somah ka Citorek ahirna boga jodo inyana jeung turunan anu di parigi. Sadulurna Tb. Marjai nyaeta Ki Samadullah jeung masih aya hubungan ngembat jalur ka Bayah jeung ka Jasinga.
“Jasinga mana? “
“Teuing Jasinga mana-mana oge”.
“Nek naeun baheula ka gunung ruyuk?”
“Nuturkeun tapak Eyang Seda Agung Sakti Ing Wanten....”
“Laju pendak?”
“Pendak, ngan kaburu pendak lawang buluan, lawang karang tumaritis, lawang ciri ti nini Hawa..., lawang anu ayana dunya, lawang anu loba Hawa...., lawang anu asup jeung miceun”.
"Nyaho ka Nyi Geulis?"
“Engke oge nyaho, anu budak calutak nu keur muka *****”.
“Saha? “
“Anu ayeuna cicing di Parigi budakna gede adat”.
“Ari tukang dongeng laju dongeng bae. Teuing apanan eweh, moal aya anu percaya iyeuh. Komo jaman kiwari mah. Eleh kunu carita ngancingkeun hawa nafsu... teu aya nu ngadenge su...”
Keun nungguan nu meli udud na heula, ari dupa mah ieu aya kari melem. Geus gera ngalohor heula bari daang.
Jadi ari baheula mah dikawihan ku kakawihan baheula, lain deui jaman. Atu anu kadengena ngeunah kana celi bae jeung rada nyerep kana hate.... disebut panas da puguh wayah berang, tapi nempo panon poe doang nu hulap beunta... caredem.
Ceunah cik anu bewokan janggotna
“kakawihan hanteu dipikaresep bongan mawa loba madoratna lantaran mawa nga hayal ka mana-mana, mawa kalantur teu puguh kahayang na. Heueuh nu teu puguh kahangna”
“Madarotna?”
“Dabongana kabawa dulur batinna laju anu nyurup jurig anu resep kakawihan, komo bari nyeri huntu mah ges puguh eweh karasana, boro kana hate mah. Ieu mah antep bae anu bewokan mah hanteu gaul hirupna”.
Peun..., ngudud heula gudang garem pilter, bongana tah meli udud gudang garen berem kalah meuli nu aya saringana, tah rada disaring meren, si Jagat anu melina.
Ari geus kieu, asa manggung deui, asa manggung tapi eweh panggung na. Anu kiwari... panggung na kolong langit, panggung na beda-beda jaman, beda-beda rupa beda-beda rasa, beda-beda cipta... geus gera haladir nini jeung aki, geus gera hadir...
Nembus sakabeh alam jeung waktu, aki-aki ja rupa aki-aki, nini-nini ja rupa peot bae... antep bae nini-nini nu keur nyeupah. Sanajan robah rupa geulis kacida, nya bauna mah sarua bae bau seureuh. Ganti heula ku kopi pait.
Laju cik nini.....,
“kiwari geh ngaing mah geulis bae sanajan ganti jaman...’
Nya puguh kula oge bogoh ja puguh ngarana oge urut putri, ari putri mah puti bae komo bari cawene keneh mah.
“Ulah motong heula ari hayang didongengan mah, dengekeun bae....!!!”
Ceunah.....,
“hidep anu boga muka catur kahuripan jaman kiwari, tah pan kadieu geh  turun hujan jeung guguludugan laju ....”
Ker peuting datang tilu awewe anu geus robah rupana, batur baheula keur jamana ges dibere poho kumaha wujud aslina nu jelas nu duaan ges pake panutup makotana, nu sa urang mah ngongoraan maneh.
“Aya neun maraneh datang?”
“Jadi utusan ngondang budak baheula. Saurang ngaing ges tenget ja hante jauh robahna jeung baheula, tapi anu duaan saprak tah dibuka ku ngaing panutup mahkotana laju rada kaingetan saetik. Sanajan ges rada robah ku umur tapi geulismah masih nyesa”
“Laju ngondang aya naeun aya acara naeun?”
Cenah...
“ hayang karumpul jeng kumpul batur-batur baheula. Heueuh hayang kumpul jeung batur-batur baheula tapi kumaha ngaing aya waktuna bae”.
Laju baralik eta utusan, ngan ngaing asa-asa ngaing ngora deui. Laju ngaing dirumung kunu eta gaerulis. Ngaing inget kanu boga eta ciri tina masing-masing tempatna. Anu kabeh oge euweuh batur sarena.
“Jaman baheula mah jaman ngaing boga alam sorangan hanteu kudu disarean sakitu loba awewena, ngan ngaing apal cirina sanajan aya di luhur larangan. Ngaing ngora deui dina kacamah kawas arjuna. Sampurasun punten jeung salam kanu boga lakon, ka para bidadari anu nyurup ka kaula”.
Selang heula...
Karek beres kupanyelang kunu boga lakon Sanghyang Chandra. Kunu ka peusek na yakin kanu Tunggal. Kulima malikul hak hakul yakin.
Masing-masing tugas masing-masing lakon. Aya nu ngabuka aya nu ngabangun jeung tinasti aya nu ngeusi. Nya ngarana oge nu ngeusi, nya kumaha ceuk nu ngaesina, ceuk nu ngabangun nya kumaha ceuk nungabangun, aya ceuk nu muka, nya kumaha ceuk nu muka...
Tunda heula hayang hees. Keun awewe nu tilu sitah dandang heula...
Rajeun keur ngopi di saung bari nyeluk dulur nu dumuk dipagunungan Citorek, lebaheun Parigi, enya ngopi bari ngopi kapal seuneu, lalayaran teu puguh angkuhna nuturkeun kana hiliwirna angin, nu ngahiliwir bari mere beja. Angin Ka kidul milu ngidul, angin ka kaler milu ngaler. Lalayaran lain di tengah sagara, lain oge lalayaran di tengah nusa, tapi layarana lalayaran di awang-awang. Lalayarana numpak lisung, ari lisungna lain boga nini lain lisung boga aki. Ngaing mah lalayaran bae, di mana ngaing mumuja jeung mumuja ka zaman anu loba cawisana jeung riwayatna. Aya bulan, aya bentang.
Ngan hanjakal...! ngeun sa ukur dina sorot mata jeung angen-angen. Puguh mah..., puguh namah teu puguh, ka mana nu nyata jadi teu nyata. Nalika anu nyata? Sabab sadar ku purwadaksa. Ambuing...., hanteu salah boga mata komo bari boga rasa. Ambuing...! cai amis ku digulaan, pait keur euweuh sarian kusabab euweuh gulaan. Ngarana oge lalayaran nu teu puguh dimangkukna bari make lisung lain anu aki lain oge anu nini, nya heueuh ngaran oge lalayaran di awang-awang.
Lain salah di indung anu ngandung, ceunah keur dina rumasa datang ana bebendon teh, hatena tumarima lain digara-garakeun ku batur eta bebendon, tapi bebendon datang ku sabab digara-garakeun ku laku lampah dirina sorangan. Da bongana tadina tilok ngadenge omong pagah kolot.
Cag heula..., niiskeun heula sirah nu karasana rada panas...
Urang caturkeun bae anu ayeuna keur turun gunung. Ja heueuh geus disasak-sasak mah rada ketempo caang, teu sumpek jeung paroek. Karasa hiliwir angin jeung karasa haneut ku sorot moncorotna mata poe. Sa tangkal na aya opat batang, laju sirungan. Tiat-tiap tangkal
na aya tilu sirung, munasabah geuneueuman ku kituna mah.
....................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
“Lur, ilaing nyaring keneh...?” cik anu ompong.
“Ngaing nyariiiiiing!” cik rakeyan parigi.
“Heug babadean, kasebutna aya sora jeung ka ambeu tapi euweuh dirupa, naeun ngarana?” cik anu ompong.
“Kolot goib!” cik rakean parigi.
“Salah!! Kawas ilaing nyaho bae ka kolot goib. Puguh ge karek ngabulu centong” cik anu ompong.
“Tuuuuuuuuuut posssss, tuuut pos. Duuuut....! Duiiiiiiiiiiit..., eh hitut lain duit...!” cik rakeyan parigi.
“Urang teruskeun cacaritana, antep bae anu keur hitut bari hayang loba duit mah” cik nu ompong, nyarita kanu sagigireuna anu ukur kadeuleu jeung eces ku sorangan, ku anu ompong ecesna.
“Bongana ngaing keur sila ti pakidulan, di karamat madur. Aya anu sengit melenghir ngarojok kana irung ngaing. Melenghirna dina melenghir misik” cik rakeyan parigi.
“Pan ambeh nyaring ku pangambeuna, tandana keur eling” cik anu ompong.
“Antep bae anu ti Parigi Citorek, ja keudeung deui aya anu jol jol jeung jooool anu ti wetan.” Batur hudang urang molor” cik dingaran ki Kidang.
Ceunah moal sarua, cacaritaan sia jeung anu geus kacoret tiheula. Ngaing geus puguh ti kulon, atu malik deui ka kulon. Lalakon ngaing ti wetan, saku nutur panuduh kolot anu kiwari hanteu jauh ti patempatan sia. Antep bae anu nyaritakeun lalakon ngaing, ja puguh kumaha maranehna bae, anu ngabogaan carita tina papantunan.
“Tunda heula bae, ja ayeuna geus jam tilu subuh, ngaing hayang hees” cik anu ompong.
“Heug ai kitu mah, ngaing oge geus hayang nyoret” cik rakeyan parigi.
Cag heula.... keun tah jongjon hees jeung tah jongjon dina nyoretna, nyoretna tina carita kolot minda kana coret bari hees.
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
Wanten ti baheulana geus puguh Wanten. Wanten Palebakan nya eta Wanten baheula. Dina baheulana anu baheula, anu jauh samemeh aya Pajajaran Galuh Pakuan. Baheula Wanten Palebakan geus aya, samemeh aya Pajajaran Galuh Pakuan.
Harudang...
Geura harudang....
Geura gelar anu ti Gunung Citorek Lebak Parigi.
Geura gelar anu ti Pugeran.
Geura gelar anu ti Sabagi.
Ngaing..., ngaing..., uing..., uing anu Ompong geus gararetek!
Salam kanu Jangkung,
Salam kanu bonga ngaran kajayaan.
Salam, salam, salam...
Ka anu boga ngaran Hyang Atna Wirajaya Singadarma....
Tug ketug, kanu ngetug...
Nutug aki, nutug nini.
Nini Puger Campaka Putih.
Nini Tanjung Sekarwangi.
Nini anu ilu ka Sabagi.
Uing sapuuun ka karuhun-karuhun,
Karuhun-karuhun anu ngamimiti di ayana Rangkasbitung Palebakan Wanten.
Cag...

Sasadu.........
Pun sapun
Ka anu keur ngadeg di gunung Sabagi!
Salam ka anu keur ngaguar cacaritaan, anu cacaritaana, bo-boa ngan saukur sora jangkrik ti peuting doang.
Keun teuing.....
Aki.....,
Nini.....,
Hampuraaaaaaaa.....!
Kuring neuk ngaguar deui carita
Anu ngaguarna carita ka budak anu di Parigi lebah Citorek.
Ngaing budak kamari, Budak ompong anu teu puguh, Teu puguhna dina sagala kahayangna. Sabab ditenjo teu jelas, sabab kumaha anu mawana bae jeung kumaha anu katimuna bae jeung kumaha anu karasana bae.
Salam............!
Kanu geulis anu ti Parigi lebah Citorek.
Kanu geulis anu ti Lebak Cawene.
Ka nini anu ti gunung Ciawitali.
Ka nini anu ti gunung Bongkok anu keur pada seuri.
Ka Prabu Rangga Mulya Jaya Perkasa anu aya dihunyuran kadu kohak Cibengkung
Salam........!
Ka sakabeh anu gareulis nu aya di kolong langit.
“Kunahaeun para aki, para bewokan caricing bae?”
“Antep bae ja lain wayahna, lain tahuna, ja bongana ayeunamah taun awewe”.
Anu ompong jongjong cacamuilan ngakan cau, cau anu pangiriman tinu boga ngomong bentes dina bentesna keur pinter jeung resepeun ngomong.
Tadi mah basa beurang datang dulur nyampeurkeun anu ompong, dulur anu boga karasmen.
“Karasmen naeun....?”
Cag tunda heula...
Ayeuna mah urang sampeur teundeun anu kamari....
...................................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................................
Naha dinaha-naha...
Ceunah dina baheula eta, dilebak Citorek aya nu ngamimiti nyacara tegalan dijieun pilemburan. Naha atuh dina waktu ayeuna jelema nu ngeusi Citorek teu bireuk jeung teu apalan dina ngaran jelema nu muka eta.
Jelema di Citorek teu daek dina mukakeun.
Jelema nu ngaku Kolot deu daek dimere nyahokeun.
Padahal na mah .............
Kamana Kiwari atuuuuhhhhhhhhhhhhhh...
Eyang Tunggal, Eyang Kuncung, Eyang Suta Jaya Perkasa, Eyang Dagus Wijaya, Nyi Ratu Pandansari, jeung nu sejen-sejena deui....
Naha kamana Eyang Syeh Mubarok Tanjul Arifin anu muka jalan carita jeung muka kahurupan Lebak Cawene mimiti....
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
"Mun dia nu ti Kadu Kohak can Ngunial!! Mangka Citorek moal geura Hudang. Angger nongtorekun maneh bae."
"Heug, geura jugjug ku Dia, ciri batu ayana Prabu Rangga Mulya nu di Kadu Kohak teu jauh ti muhara Citorek nu kareungkeuman binglu teu buahan"
...................................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................................
Cag heula...
Pun tabe pun...

Jumat, 13 Oktober 2017

Seren Taun Kasepuhan Cibengkung 2017 (Pagelaran Seni, Kebersamaan; Manusia dan Etika, Estetika, Religius)

Pagelaran Seni dan Kebersamaan
Lengseran, untuk menjemput Kasepuhan dan Kepala Desa
Selain rentetan acara yang berupa ritual dan diskusi, dalam upacara seren taun Kasepuhan Cibengkung Desa Citorek Barat, taun 2017 cukup berbeda pelaksanaannya dengan tahun-tahun sebelumnya. Terdapat beberapa pagelaran seni yang sengaja didatangkan dari kota Depok. Pimpinan rombongan seni yang mengisi acara pagelaran seni merupakan putra asal Citorek. Memang  telah menjadi tradisi apabila seren taun tiba, maka putra Citorek yang bermukim di luar Citorek akan pulang untuk memenuhi kewajibaanya terhadap lemah caina.
H. Sumawijaya, Saatmemberikan sambutan
Pada upacara seren taun Kp. Cibengkung 2017, benar-benar ada yang beda. Pertama, penyelenggaraan seren taun sangat meriah dengan hadirnya rombongan seni yang berasal dari Yayasan Sumarno Kota Depok di bawah asuhan Inohong Kp. Cibengkung, yakni H. Igun Sumarno, M.Sc yang saat ini menjadi Wakil Ketua DPRD kota Depok. Ia madsalah putra Citorek yang telah sukses sebagai politisi dan pengusaha di kota Depok. Kedua, hadir pula dalam seren taun sekarang ini, Dr. H. Sumawijaya, M.Si. Beliau tampil di tengah masyarakat dengan memberikan wejangan kepada masyarakat Kasepuhan Cibengkung sebelum pentas seni di mulai. Ia adalah putra Citorek yang saat ini menjabat sebagai Kepala BPNPB Propinsi Banten. Ketiga, yang paling menarik adalah adanya reaktualisasi nilai-nilai luhur dalam seren taun yang makin kokoh dalam kehidupan masyarakat Cibengkung. Kekuatan kebersamaan sangat nampak antara tokoh kasepuhan Cibengkung, pemerintah Desa Citorek Barat, tokoh agama, tokoh masyarakat, dan masyarakat.
Upacara seren taun Kp. Cibengkung 2017, jika kita cermati secara mendalam telah mengaktualisasikan nilai-nilai positif untuk manusia dan kebudayaannya. Nilai disini antara lain nilai kebersamaan, nilai kesatuan, gotong royong, religiousitas, nilai pelestarian budaya.
Nilai kebersamaan tercermin dalam berkumpulnya masyarakat adat Cibengkung yang bersatu mengadakan upacara seren taun sebagai simbol syukur terhadap Tuhan Yang Maha Esa. Nilai gotong royong terlihat pada saat masyarakat Cibengkung saling membantu dan bahu membahu dalam menyiapkan yang akan dibutuhkan untuk seren taun agar upacara tersebut dapat terlaksana dengan baik.
Nilai kesatuan tercermin bahwa dalam upacara seren taun pendukung upacara ini tidak hanya satu lingkungan masyarakat saja (yang tinggal di Cibengkung). Dalam perayaan upacara ini hadir pula masyarakat adat Cibengkung yang tinggal di luar daerah lain untuk ikut memeriahkan. Mereka bercampur baur dalam prosesi upacara seren taun ini. Dengan kata lain, upacara seren taun pun mengambil andil dalam langkah memperkuat persatuan dan kesatuan masyarakat.
Nilai religiusitas tercermin dalam doa bersama yang dilakukan masyarakat Cibengkung. Mereka berdoa bersama sebagai rasa syukur kepada Tuhan Yang Maha Esa karena telah memberikan rahmat dan karunia kepada masyarakat cigugur dalam kegiatan sehari-hari mereka yaitu bertani (agraris).
Kades dan Ibu, Desa Citorek Barat
Nilai yang saya anggap paling penting dalam seren taun ini adalah nilai pelestarian budaya. Seren taun secara tidak langsung turut pula mengambil andil dalam proses pemeliharaan eksisitensi sebuah produk kebudayaan. Paling tidak seren taun sedikit agak memperpanjang eksistensi sebuah produk budaya dari ambang kepunahan. Semoga dengan upacara seren taun 2017 di Cibengkung, kita semakin menyadari bahwa kebudayaan asli kita (Citorek) lebih berharga daripada budaya-budaya baru. Karena pada akhirnya apabila kita telah kuat dalam budaya asli kita, maka nasib kebudayaan dan produk budaya didalamnya akan tetap terjaga eksistensinya sampai kapanpun

Manusia dan Etika, Estetika, Religius
Upacara seren taun yang selalu dilakukan oleh masyarakat Kp. Cibengkung Desa Citorek Barat yang termasuk komunitas Adat Kasepuhan Citorek, merupakan sebuah peristiwa budaya yang di dalamnya ada keseimbangan antara etika, estetika, dan religi. Di dalamnya sarat dengan unsur-unsur kesenian yang menjadi alat ekspresi, alat komunikasi, dan alat pemersatu masyarakat. Seni dalam upacara seren taun diperlakukan sebagai sebuah media yang sangat strategis untuk mempersatukan masyarakat yang multicultur. Seni sebagai alat pemersatu sangat tepat digunakan dan sebagai media pembentukan manusia untuk berperilaku saling menghormati, saling menghargai, bergotong royong, berlaku ikhlas, pasrah, selalu mengingat sang pencipta, dan lain sebagainya. 
Manusia mengenal etika dan estetika maka terjadilah sebuah bentukan upacara untuk mendekatkan diri kepada yang kuasa sebagai realisasi dari keyakinan diri. Manusia sebenarnya mampu mengevaluasi dirinya untuk menunjukkan bahwa manusia berbudaya. Bila evaluasi itu muncul setiap saat tentu perkembangan budaya akan semakin baik, semakin terarah, semakin menunjukkan eksistensinya dalam menghargai hidup yang tidak akan lepas dari hubungan manusia dengan manusia, alam dan Tuhannya. Upacara seren taun di dalamnya sarat dengan nilai-nilai lokal genius untuk membangun kebersamaan antar masyarakat.
Pada hakikatnya upacara adat Seren Taun yang dilaksanakan masyarakat Kp. Cibengkung Desa Citorek Barat, selain wujud budaya spiritual masyarakat khususnya dalam bersyukur ke hadirat Tuhan Yang Maha Esa, tetapi juga sebagai “panggeuing” atau “wujud spiritual penggugah” kesadaran bagi setiap manusia yang harus saling “asih, asah, asuh” dengan sesama manusia dan semua makhluk dan ciptaan Tuhan. Selain itu juga untuk membangun kesadaran sebagai suatu masyarakat yang memiliki akar budaya yang sama.
Salah satu pikukuh kasepuhan menyebutkan bahwa dalam diri manusia mengandung tiga (Tri) unsur spiritual berupa sir, rasa dan pikirSir adalah awal mula getaran kehidupan yang menggerakan berbagai hal dalam diri manusia. Rasa adalah bentukan getaran sir sebagai tempat berbagai macam keinginan. Pikir adalah bentukan getaran sir yang menimbulkan berbagai upaya yang akan dilakukan. Panca sebagai pemaknaan bahwa adanya berbagai dorongan dari ketiga unsur tadi diimplementasikan dalam berbagai panca inderawi yang ada dalam diri manusia. Tunggal memiliki makna bahwa segala daya upaya gerak dan perilaku manusia dalam kehidupannya semata-mata dilandaskan pada kesadaran diri dalam ketunggalan bersama Tuhan Yang maha Esa. Sehingga pelaksanaan upacara adat Seren Taun yang selalu dilaksanakan Kp. Cibengkung itu diorientasikan agar setiap pelaku kegiatan upacara berupaya untuk mencapai kesempurnaan selayaknya sebagai manusia yang berkepribadian “manusia”.

Cag... Pun sapuun...

Selasa, 29 Agustus 2017

Mari, Kita Jaga Kerukunan Masyarakat Citorek yang Berbudaya





Riungan Sabaki, bentuk kerukunan masyarakat yang berbudaya
Pertikaian di antara manusia terjadi karena manusia belum menyadari bahwa musuh sesungguhnya bukan siapa yang ada di hadapannya tetapi musuh sesungguhnya adalah dirinya sendiri.
Sepanjang sejarah kehidupan umat manusia di muka bumi tidak terlepas dari berbagai macam konflik pertikaian. Pertikaian demi pertikaian di antara umat manusia terjadi karena disebabkan oleh banyak faktor kepentingan, kepentingan demi kepentingan tersebut membuat manusia menjadi satu-satunya makhluk di muka bumi ini yang hidup paling tidak harmonis.
Alam semesta beserta isinya telah diciptakan oleh Tuhan dengan sedemikian harmonisnya. Miliaran bintang dan planet bergerak teratur sesuai dengan jalurnya. Tumbuhan tahu kapan harus merontokkan daunnya untuk menyesuaikan musim, dan hewan buas tidak memangsa buruannya melebihi yang dia perlukan. Hal-hal tersebut memperlihatkan bahwa betapa Tuhan Yang Maha Kuasa menciptakan kehidupan ini dengan keteraturan.
Secuil kisah di atas hendaknya kita renungkan dalam kehidupan sehari-hari agar kita sebagai masyarakat Citorek mampu menjadi masyarakat yang lebih baik. Sebagai masyarakat Citorek kita tidak dapat hidup secara individual, kita diwajibkan hidup dalam komunitas masyarakat dan berinteraksi satu sama lain secara rukun dan damai. Kita sebagai masyarakat Citorek memiliki adat dan budaya yang luhur dalam satu ikatan Kasepuhan Citorek. Jika seluruh alam semesta saja mampu hidup secara harmonis seharusnya kita sebagai masyarakat Citorek yang berbudaya juga bisa melakukannya. Namun kenyataannya tidak berkata demikian, masyarakat kita cenderung memiliki pola pikirnya sendiri, kerapkali bersitegang satu sama lain dengan berbagai macam latar belakang permasalahan. Sangat disayangkan, apabila dengan segala keunggulan yang kita miliki sebagai masyarakat berbudaya masih kesulitan untuk menerapkan hidup rukun berdampingan secara harmonis.
Begitu sulitkah bagi kita selaku masyarakat Citorek yang berbudaya untuk bisa mengasihi sesamanya? Sesungguhnya tidak! Pertikaian di antara kita terjadi karena kita belum menyadari bahwa musuh sesungguhnya bukan siapa yang ada di hadapannya tetapi musuh sesungguhnya adalah dirinya sendiri. Masyarakat Citorek yang berbudaya dengan akal budi serta pikiran telah sejak lama berusaha menggali kesadaran, memahami tujuan dari penciptaan dirinya. Sebagai masyarakat yang berbudaya, maka sangat tergantung terhadap satu sama lain, kita tidak akan bisa bertahan hidup di bumi ini jika mereka hidup secara individual. Seiring proses berjalannya waktu yang membantu kita selaku masyarakat berbudaya untuk menyadari bahwa pertikaian yang terjadi di antara kita tidak dapat mendatangkan kebahagiaan dan sukacita melainkan mendatangkan dukacita serta kepedihan, bahkan dapat mendatangkan kerusakan.
Kehidupan kita selaku masyarakat Citorek yang berbudaya, kerendahan hati, toleransi serta kesabaran dalam hidup bermasyarakat mutlak diperlukan. Tidak semua anggota masyarakat memiliki karakter yang sama, jika sikap kerendahan hati, tolerensi dan kesabaran tidak kita bina sangatlah sulit untuk menciptakan kerukunan hidup dalam bermasyarakat Citorek yang berbudaya.
Kerukunan dalam berbudaya. Citorek yang sangat luas ini terdiri dari berbagai macam pribadi, pemikiran, dan watak manusianya sangat rawan akan terjadinya konflik pertikaian, jika seandainya saja setiap pribadi kita tidak mau saling bertoleransi. Oleh karena itu marilah kita bersedia berkomitmen untuk mau mengusahakan Citorek dalam kehidupan bermasyarakat yang rukun dan damai.
Ciptakanlah tri kerukunan masyarakat yang berbudaya, yang mencakup: Kerukunan internal masyarakat, kerukunan antar masyarakat, dan kerukunan antar masyarakat dengan para pemangku kebijakan Adat Kasepuhan dan Pemerintah Desa. Jika kerukunan dapat terjalin dengan baik maka akan tercipta masyarakat yang berbudaya luhur dan harmonis.
Mengupayakan kerukunan dalam bermasyarakat adalah tanggung jawab bersama. banyak cara yang dapat kita lakukan agar kita bisa bermasyarakat dengan baik. Sebagai masyarakat Citorek yang berbudaya luhur.
Kerukunan dalam berbudaya leluhur masyarakat Citorek yang berbudaya, terjalin dalam satu ikatan Kasepuhan Citorek  adalah orang-orang yang arif serta bijaksana. Budaya serta tradisi dibuat agar kehidupan dalam masayarakt semakin lengkap. Karena sifat keluhuran budaya, maka kerukunan dalam berbudaya sangat penting dan merupakan akar dari persatuan. Lain ladang lain belalang, lain daerah lain pula budayanya. Oleh karena itu masyarakat Citorek perlu menyadari lebih dasar bahwa kita memiliki budaya yang sangat berbeda dengan budaya daerah lain. Segala perbedaan dan sengketa atau bahkan segala bentuk konflik yang terjadi di tengah masyarakat kita, seharusnya bisa kita selesaiakan dengan cara-cara yang sesuai dengan adat budaya kita, tentunya tanpa mengesampingkan hukum yang berlaku di NKRI.
Citorek adalah wilayah yang memiliki keunikan tersendiri di dalam membangun, memelihara, membina, mempertahankan, serta memberdayakan kerukunan bermasyarakat. Upaya-upaya yang berkaitan dengan kegiatan kerukunan masyarakat tersebut merupakan sebuah proses tahap demi tahap yang harus dilalui secara terus menerus agar perwujudan kerukuanan bermasyarakat benar-benar dapat tercapai. Di samping itu, kerukunan juga merupakan upaya terus-menerus tanpa henti dan hasilnya tidak diperoleh secara instan.
Mari, kita selaku masyarakat Citorek yang berbudaya kita jaga kerukunan dalam berbudaya, bermasyarakat serta berbangsa. Buktikan bahwa kita adalah masyarakat Citorek yang berbudaya dan bermartabat. Pepatah orangtua kita sangatlah jelas, yakni “Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak