Cover payun |
Judul : Serat Panatas Pitutur Hurip (Ti Karuhun Muhara Citorek)
Panulis : Mulyadi Sugiansar
Halaman : 108 Halaman
Bahasa : Bahasa Sunda (dialek Banten Selatan)
Taun Cetak : 2017
Pun !
Panulis : Mulyadi Sugiansar
Halaman : 108 Halaman
Bahasa : Bahasa Sunda (dialek Banten Selatan)
Taun Cetak : 2017
Pun !
Sapun !
Ka pupunclak Agung
Pamunjung,
Anu Agung Sang Rumuhun,
Hiyang Guru Agung
Pangruhum,
Anu Nunggal di
Kalanggengan,
Anu Langgeng dina
Nunggalna,
Anu ngabogaan sakabéh
jagat,
Anu ngabogaan sakabéh
alam ….. !
P a r a l u n !
Lain ngusik
sulamandina,
lain ngahudang macan
turuna,
lain ngungkit nu
kamari,
lain ngungkap nu
baheulaaa....!
rek ngaguar tutungkusan
kaaaruhuuun...!
amit ampun nya paralun,
kagusti nu maha agung,
ka nabi anu linuhung
Muhammad anu tinunjung rahmat safaat anu kasuhun...!
sim kuring neda
paaaaapayuuuuung...!
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
Bismillah jadi sekar
pangiring catur,
ngajadi tuturus laku,
muru sampurnaning
rahayu,
banjaran jatining
bagja.
Alhamdulillah
panyinglar Riya jeung
Sum’ah,
anu pasolengkrah
nyaruntah dina galeuh leuleumbutan,
panundung ujub jeung
takabur,
anu ngagojod dina
qolbu,
pangusir anu ngadaki
dina ati,
nu tinggal iwal ti
setra bersihna ati,
geusan nampa jorelatna
hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW
............................................................................................................................................
Cag heula...,
Cag heula...,
Urang
tangguan anu ceunah neuk kiih heula, keun tah kiih ku hawa pajamanan..
Urang
mah sampeur nu aya di sisi cai Cimadur sakiduleun lemur Citorek. Tubagus Marjai
Pangadegna awak leutik, make peci, cemul ku huis. Pangaresep Tb. Marjai kopi
hideung make gula beureum jeung roko kretek. “Mun rek sila heug dina malem ****”.
Asalna
ti turunan Pangeran Ranamanggala turunan Eyang Seda Agung Sakti Ing Wanten ti
Wanten. Datangna ka Citorek kira-kira 200 tanapi 300 taun katukang. Tadina
somah ka Citorek ahirna boga jodo inyana jeung turunan anu di parigi. Sadulurna
Tb. Marjai nyaeta Ki Samadullah jeung masih aya hubungan ngembat jalur ka Bayah
jeung ka Jasinga.
“Jasinga
mana? “
“Teuing
Jasinga mana-mana oge”.
“Nek
naeun baheula ka gunung ruyuk?”
“Nuturkeun
tapak Eyang Seda Agung Sakti Ing Wanten....”
“Laju
pendak?”
“Pendak,
ngan kaburu pendak lawang buluan, lawang karang tumaritis, lawang ciri ti nini
Hawa..., lawang anu ayana dunya, lawang anu loba Hawa...., lawang anu asup
jeung miceun”.
"Nyaho
ka Nyi Geulis?"
“Engke
oge nyaho, anu budak calutak nu keur muka *****”.
“Saha?
“
“Anu
ayeuna cicing di Parigi budakna gede adat”.
“Ari
tukang dongeng laju dongeng bae. Teuing apanan eweh, moal aya anu percaya
iyeuh. Komo jaman kiwari mah. Eleh kunu carita ngancingkeun hawa nafsu... teu
aya nu ngadenge su...”
Keun
nungguan nu meli udud na heula, ari dupa mah ieu aya kari melem. Geus gera
ngalohor heula bari daang.
Jadi
ari baheula mah dikawihan ku kakawihan baheula, lain deui jaman. Atu anu
kadengena ngeunah kana celi bae jeung rada nyerep kana hate.... disebut panas
da puguh wayah berang, tapi nempo panon poe doang nu hulap beunta... caredem.
Ceunah
cik anu bewokan janggotna
“kakawihan
hanteu dipikaresep bongan mawa loba madoratna lantaran mawa nga hayal ka
mana-mana, mawa kalantur teu puguh kahayang na. Heueuh nu teu puguh kahangna”
“Madarotna?”
“Dabongana
kabawa dulur batinna laju anu nyurup jurig anu resep kakawihan, komo bari nyeri
huntu mah ges puguh eweh karasana, boro kana hate mah. Ieu mah antep bae anu
bewokan mah hanteu gaul hirupna”.
Peun...,
ngudud heula gudang garem pilter, bongana tah meli udud gudang garen berem
kalah meuli nu aya saringana, tah rada disaring meren, si Jagat anu melina.
Ari
geus kieu, asa manggung deui, asa manggung tapi eweh panggung na. Anu kiwari...
panggung na kolong langit, panggung na beda-beda jaman, beda-beda rupa
beda-beda rasa, beda-beda cipta... geus gera haladir nini jeung aki, geus gera
hadir...
Nembus
sakabeh alam jeung waktu, aki-aki ja rupa aki-aki, nini-nini ja rupa peot
bae... antep bae nini-nini nu keur nyeupah. Sanajan robah rupa geulis kacida,
nya bauna mah sarua bae bau seureuh. Ganti heula ku kopi pait.
Laju
cik nini.....,
“kiwari
geh ngaing mah geulis bae sanajan ganti jaman...’
Nya
puguh kula oge bogoh ja puguh ngarana oge urut putri, ari putri mah puti bae
komo bari cawene keneh mah.
“Ulah
motong heula ari hayang didongengan mah, dengekeun bae....!!!”
Ceunah.....,
“hidep
anu boga muka catur kahuripan jaman kiwari, tah pan kadieu geh turun hujan jeung guguludugan laju ....”
Ker
peuting datang tilu awewe anu geus robah rupana, batur baheula keur jamana ges
dibere poho kumaha wujud aslina nu jelas nu duaan ges pake panutup makotana, nu
sa urang mah ngongoraan maneh.
“Aya
neun maraneh datang?”
“Jadi
utusan ngondang budak baheula. Saurang ngaing ges tenget ja hante jauh robahna
jeung baheula, tapi anu duaan saprak tah dibuka ku ngaing panutup mahkotana
laju rada kaingetan saetik. Sanajan ges rada robah ku umur tapi geulismah masih
nyesa”
“Laju
ngondang aya naeun aya acara naeun?”
Cenah...
“
hayang karumpul jeng kumpul batur-batur baheula. Heueuh hayang kumpul jeung
batur-batur baheula tapi kumaha ngaing aya waktuna bae”.
Laju
baralik eta utusan, ngan ngaing asa-asa ngaing ngora deui. Laju ngaing dirumung
kunu eta gaerulis. Ngaing inget kanu boga eta ciri tina masing-masing tempatna.
Anu kabeh oge euweuh batur sarena.
“Jaman
baheula mah jaman ngaing boga alam sorangan hanteu kudu disarean sakitu loba
awewena, ngan ngaing apal cirina sanajan aya di luhur larangan. Ngaing ngora
deui dina kacamah kawas arjuna. Sampurasun punten jeung salam kanu boga lakon,
ka para bidadari anu nyurup ka kaula”.
Selang
heula...
Karek
beres kupanyelang kunu boga lakon Sanghyang Chandra. Kunu ka peusek na yakin
kanu Tunggal. Kulima malikul hak hakul
yakin.
Masing-masing
tugas masing-masing lakon. Aya nu ngabuka aya nu ngabangun jeung tinasti aya nu
ngeusi. Nya ngarana oge nu ngeusi, nya kumaha ceuk nu ngaesina, ceuk nu
ngabangun nya kumaha ceuk nungabangun, aya ceuk nu muka, nya kumaha ceuk nu
muka...
Tunda
heula hayang hees. Keun awewe nu tilu sitah dandang heula...
Rajeun
keur ngopi di saung bari nyeluk dulur nu dumuk dipagunungan Citorek, lebaheun
Parigi, enya ngopi bari ngopi kapal seuneu, lalayaran teu puguh angkuhna
nuturkeun kana hiliwirna angin, nu ngahiliwir bari mere beja. Angin Ka kidul
milu ngidul, angin ka kaler milu ngaler. Lalayaran lain di tengah sagara, lain
oge lalayaran di tengah nusa, tapi layarana lalayaran di awang-awang.
Lalayarana numpak lisung, ari lisungna lain boga nini lain lisung boga aki.
Ngaing mah lalayaran bae, di mana ngaing mumuja jeung mumuja ka zaman anu loba
cawisana jeung riwayatna. Aya bulan, aya bentang.
Ngan
hanjakal...! ngeun sa ukur dina sorot mata jeung angen-angen. Puguh mah...,
puguh namah teu puguh, ka mana nu nyata jadi teu nyata. Nalika anu nyata? Sabab
sadar ku purwadaksa. Ambuing...., hanteu salah boga mata komo bari boga rasa.
Ambuing...! cai amis ku digulaan, pait keur euweuh sarian kusabab euweuh
gulaan. Ngarana oge lalayaran nu teu puguh dimangkukna bari make lisung lain
anu aki lain oge anu nini, nya heueuh ngaran oge lalayaran di awang-awang.
Lain
salah di indung anu ngandung, ceunah keur dina rumasa datang ana bebendon teh,
hatena tumarima lain digara-garakeun ku batur eta bebendon, tapi bebendon
datang ku sabab digara-garakeun ku laku lampah dirina sorangan. Da bongana
tadina tilok ngadenge omong pagah kolot.
Cag
heula..., niiskeun heula sirah nu karasana rada panas...
Urang
caturkeun bae anu ayeuna keur turun gunung. Ja heueuh geus disasak-sasak mah
rada ketempo caang, teu sumpek jeung paroek. Karasa hiliwir angin jeung karasa
haneut ku sorot moncorotna mata poe. Sa tangkal na aya opat batang, laju
sirungan. Tiat-tiap tangkal
na aya tilu sirung,
munasabah geuneueuman ku kituna mah.
....................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
“Lur,
ilaing nyaring keneh...?” cik anu ompong.
“Ngaing
nyariiiiiing!” cik rakeyan parigi.
“Heug
babadean, kasebutna aya sora jeung ka ambeu tapi euweuh dirupa, naeun ngarana?”
cik anu ompong.
“Kolot
goib!” cik rakean parigi.
“Salah!!
Kawas ilaing nyaho bae ka kolot goib. Puguh ge karek ngabulu centong” cik anu
ompong.
“Tuuuuuuuuuut
posssss, tuuut pos. Duuuut....! Duiiiiiiiiiiit..., eh hitut lain duit...!” cik
rakeyan parigi.
“Urang
teruskeun cacaritana, antep bae anu keur hitut bari hayang loba duit mah” cik
nu ompong, nyarita kanu sagigireuna anu ukur kadeuleu jeung eces ku sorangan,
ku anu ompong ecesna.
“Bongana
ngaing keur sila ti pakidulan, di karamat madur. Aya anu sengit melenghir
ngarojok kana irung ngaing. Melenghirna dina melenghir misik” cik rakeyan
parigi.
“Pan
ambeh nyaring ku pangambeuna, tandana keur eling” cik anu ompong.
“Antep
bae anu ti Parigi Citorek, ja keudeung deui aya anu jol jol jeung jooool anu ti
wetan.” Batur hudang urang molor” cik dingaran ki Kidang.
Ceunah
moal sarua, cacaritaan sia jeung anu geus kacoret tiheula. Ngaing geus puguh ti
kulon, atu malik deui ka kulon. Lalakon ngaing ti wetan, saku nutur panuduh
kolot anu kiwari hanteu jauh ti patempatan sia. Antep bae anu nyaritakeun lalakon
ngaing, ja puguh kumaha maranehna bae, anu ngabogaan carita tina papantunan.
“Tunda
heula bae, ja ayeuna geus jam tilu subuh, ngaing hayang hees” cik anu ompong.
“Heug
ai kitu mah, ngaing oge geus hayang nyoret” cik rakeyan parigi.
Cag
heula.... keun tah jongjon hees jeung tah jongjon dina nyoretna, nyoretna tina
carita kolot minda kana coret bari hees.
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
Wanten
ti baheulana geus puguh Wanten. Wanten Palebakan nya eta Wanten baheula. Dina
baheulana anu baheula, anu jauh samemeh aya Pajajaran Galuh Pakuan. Baheula
Wanten Palebakan geus aya, samemeh aya Pajajaran Galuh Pakuan.
Harudang...
Geura
harudang....
Geura
gelar anu ti Gunung Citorek Lebak Parigi.
Geura
gelar anu ti Pugeran.
Geura
gelar anu ti Sabagi.
Ngaing...,
ngaing..., uing..., uing anu Ompong geus gararetek!
Salam
kanu Jangkung,
Salam
kanu bonga ngaran kajayaan.
Salam,
salam, salam...
Ka
anu boga ngaran Hyang Atna Wirajaya Singadarma....
Tug
ketug, kanu ngetug...
Nutug
aki, nutug nini.
Nini
Puger Campaka Putih.
Nini
Tanjung Sekarwangi.
Nini
anu ilu ka Sabagi.
Uing
sapuuun ka karuhun-karuhun,
Karuhun-karuhun
anu ngamimiti di ayana Rangkasbitung Palebakan Wanten.
Cag...
Sasadu.........
Pun
sapun
Ka
anu keur ngadeg di gunung Sabagi!
Salam
ka anu keur ngaguar cacaritaan, anu cacaritaana, bo-boa ngan saukur sora
jangkrik ti peuting doang.
Keun
teuing.....
Aki.....,
Nini.....,
Hampuraaaaaaaa.....!
Kuring
neuk ngaguar deui carita
Anu
ngaguarna carita ka budak anu di Parigi lebah Citorek.
Ngaing
budak kamari, Budak ompong anu teu puguh, Teu puguhna dina sagala kahayangna.
Sabab ditenjo teu jelas, sabab kumaha anu mawana bae jeung kumaha anu katimuna
bae jeung kumaha anu karasana bae.
Salam............!
Kanu
geulis anu ti Parigi lebah Citorek.
Kanu
geulis anu ti Lebak Cawene.
Ka
nini anu ti gunung Ciawitali.
Ka
nini anu ti gunung Bongkok anu keur pada seuri.
Ka Prabu Rangga Mulya Jaya Perkasa anu aya dihunyuran kadu kohak Cibengkung
Salam........!
Ka
sakabeh anu gareulis nu aya di kolong langit.
“Kunahaeun
para aki, para bewokan caricing bae?”
“Antep
bae ja lain wayahna, lain tahuna, ja bongana ayeunamah taun awewe”.
Anu
ompong jongjong cacamuilan ngakan cau, cau anu pangiriman tinu boga ngomong
bentes dina bentesna keur pinter jeung resepeun ngomong.
Tadi
mah basa beurang datang dulur nyampeurkeun anu ompong, dulur anu boga karasmen.
“Karasmen
naeun....?”
Cag
tunda heula...
Ayeuna
mah urang sampeur teundeun anu kamari....
...................................................................................................................................................................
...................................................................................................................................................................
Naha dinaha-naha...
Ceunah dina baheula eta, dilebak Citorek aya nu ngamimiti nyacara tegalan dijieun pilemburan. Naha atuh dina waktu ayeuna jelema nu ngeusi Citorek teu bireuk jeung teu apalan dina ngaran jelema nu muka eta.
Jelema di Citorek teu daek dina mukakeun.
Jelema nu ngaku Kolot deu daek dimere nyahokeun.
Padahal na mah .............
Kamana Kiwari atuuuuhhhhhhhhhhhhhh...
Eyang Tunggal, Eyang Kuncung, Eyang Suta Jaya Perkasa, Eyang Dagus Wijaya, Nyi Ratu Pandansari, jeung nu sejen-sejena deui....
Naha kamana Eyang Syeh Mubarok Tanjul Arifin anu muka jalan carita jeung muka kahurupan Lebak Cawene mimiti....
......................................................................................................................................................................................................................................................................................................................................
"Mun dia nu ti Kadu Kohak can Ngunial!! Mangka Citorek moal geura Hudang. Angger nongtorekun maneh bae."
"Heug, geura jugjug ku Dia, ciri batu ayana Prabu Rangga Mulya nu di Kadu Kohak teu jauh ti muhara Citorek nu kareungkeuman binglu teu buahan"

tabe pun...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar