![]() |
Mundinglaya Nyukma |
Ki Ompong, nyurudud ngenyot bako na nu
dibungkus ku tulisan Djinggo bari jongjon sila. Sabot sila, angger bae rasa na
mah keur keur ngalanglang ka saban-saban pajamanan. Tutunggul anu sakur carita,
sakur dina palewatan karuhun. Karuhun-karuhun anu teu bisa nyora, lian kunu
bisa kasora dina bisa jeung sorana rasa.Geus lila ka simutan ku sorban, sorban
anu ngan sa ukur seungit jeung putih na doang jeung ngaradak, ngajedog,
ngawasa. Ngelepus haseup ka luhur, ngahiji jeung pirunan. Anu pirunan na lain
tina koleang baheula, daun kaung ngarana.
Waktu anu 25 taun asa samporeteun, lir
sakiceupeun mata. Masih parageuh keneh ku sorban, nu saeutik-saeutik mimiti
robah wana jeung motifna. Pangaur Cipangaur, girang na nepi ka Nyi Rengganis
anu ceunah geulis kawanti-wanti, mencrang kabina-bina. Cipangaur anu
ngaur-ngaur, nu baheula na sok ngaurkeun. Citaman, taman parahyang. Paragi
maraneh na miceun nu kudu dipiceun. Citaman, para raja para ratu marandi.
Citaman..... pernah ngaing, Ki Ompong
manggihan anu geulis kabina-bina euweuh babandingana. Anu geulis dingarana Nyi
Nawangsari. Cengklak di Cengklak, patempatan mulangna para kolot, para kolot
tiap pajamanan, anu lobana mawa hawa wawanen. Wawanen anu kurasa gagah ku
elmuna. Ceunah anu gagah turunan ti kulon, anu lobana teureuh kajayaan. Kaayaan
sumeret rehe jempling, di legokeun Cicengklak jeung girangeun Citaman, di lebah
na aya hulu cai anu baheula-baheuli na patempatan dumukna hiji kolot anu
ngabogaan dingaran Ki Jaya. Inyana anu ngabogaan kadigjayaan, anu baheulana
saturunan jeung ngaing, Ki Ompong.
Surudut ngaregot cikopi cap Piala, bari
diselang ku ngelepus udud cap 234, katenjo na sampe lentang melentang. Ki
Ompong angger sila bari madep ka beulah kulon ngahareupan walungan Cipangaur
anu ngalurkeun ka hilir na terus tepung jeung Cidurian madep paku suka ratu. Ki
Ompong, canutun bari gegerentes dina hatena “Ngaing ngelepus, seug bari
nuturkeun sia nu palid ngalun ka hilir”. Mulangkeun ka hilir, ka laut nu maha
luas. Tunggul nu gunati ganti rupa jeung sorana.
Cik anu make sorban jeung sapeci bodas,
anu geus poho ka asalna, anu sok ngakukeun kaelmuana. Inyana ngaji lain deui ku
pangarti, ngaji kumaha cik ki haji. Nya cik ki haji anu geus pinuh ku elmu
nafsina. Sasadu na sasadu anu geus teu ngajenan karuhun, nu geus teu boga rasa
kanu nyipta rasa. “Mun ku ngaing di ajak ka jero, moal tea nyaho kana
jejerona,” cik gerentes hate Ki Ompong. Nya inyana ki haji ceunah. Anu geus
nyieun adat jeung aturan kumaha cik maraneh na bae. Malah mah sok maksa jeung maksakeun
sagala kahayang maraneh na. Anu euweuh kudu di aya-aya, anu aya kudu disagawaya
ka maranehna. Anu paeh oge malah titah hudang, nurutkeun pisarateun maranehna.
Ki Ompong jongjon ngelepus nyeuseup
bako, bari sakapeung ngaregot cikopi hideung cap Piala. Kopi na teu ka ambeu
seungit, malah eleh seungit ku seungitna jengkol anu keur diolah-olah di pawon.
Dina sila na Ki Ompong inyana ngarasa jeung nyipta dina rasa. Anu geulis anu
robah ngawujud nini, anu buuk na teu robah. Anu kasep, nu gagah ngawujud aki
aki anu keur di sawah. Geus jamana anu gareulis anu karasep aya di mana-mana.
Dandan midang, sabaju papakean, hanteu deui ngabedakeun si cacah jeung si
menak. Kiwari jaman pabagus-bagus rupa, jaman ilangna rasa.
Jaman ilangna rasa dina jaman, Ki Ompong
ngopi lain jeung seupan atawa beuleum dangdeur. Tapi ngopi dibarengan ku kueh
cap ceuli gajah. Kueh anu teu liat, boro empuk mah, malah karasana heuras sari
narojosan kana huntu anu geus ompong. Ngurudut deui kana kopi anu geus robah
hawa ku hawa tiis. Hiliwir angin ti luar anu karsana geus aya hawa panas tina
sabab gunung na geus pada barotak euweuh kayuan. Pagunungan anu geus bareak
diala jeung sagala jejeroana. Pilemburan anu baheula pinuh keneh ku rajeg na
tangkal kai, kiwari geus salin rupa jadi mangrupa-rupa wangunan, katut sawah
oge geus beak kalindih ku wangunan imah. Jaman geus robah, Ki Ompong
katingaleun jaman. Kiwari mah pamakungan kebo oge lain ku hateup tina daun
kiray, kiwari mah geus make hateup palastik. Atu boa-boa palon kebo oge engke
mah pibakaleun make karamik jeung dicaangan ku naeon.
Jaman geus robah, nu gareulis buukna
geus robah. Ki Ompong cingogo di sisi walungan Cipangaur, ngaurkeun kanyeri
dina pejitna alatan loba teuing barang tegig bari dicampuran cabe rawit. Kokoro
meoh, mangpang meungpeung saba kanu mitoha keur loba kenyoheun. Cipangaur, anu
caina geus robah warna geus robah rasa. Baheula mah anu palid na di Cipangaur
mangrupa-rupa kalakay jeung kokotoran tina tangkal kai anu rarungkad ku angin,
atawa catang kai anu geus supaan. Dina jaman kiwari mah, anu palidna geus
mangrupa-rupa kokotor anu kacida kotorna. Kiwari mandi oge geus pagirang-girang
tampian, nyiar tampian anu herang, teu kawas baheula deui.
Jaman geus robah, Ki Ompong katunggaleun
jaman. Hujan ngageubret dibarengan ku kilat jeung gukudu anu siling susul.
Lampu neon oge modar. Lembur Leuwi Ceuri wates Cigudeg jeung Jasinga. Lembur
Ciceuri ka asup ka desa Argapura nu ngacamatan Cigudeg. Bogor Kulon, Cigudeg
teuing baheulana mah Cibudeg anu sarua jeung Citorek. Mun Jasinga, boa-boa
baheula mah Jaya Singaraja. Cigudeg
jeung Jasinga, jelemana torek ku rasa ngabogaan kajayaan jeung rasa kagagahan,
jeung ngarasana pang kuatna abong boga rasa teureuh ti kulon. Sabab beda jeung
wetan, anu ngabogaan sima maung, ngarasa hayang leuwih ku pangarti, nyurup na
ka singa. A adatan ngulon, a akuan ngetan. Leuleus heuras.
Ki Ompong cengklak sila tina batu
hideung anu geus loba lukutan, bari geus loba lekong ku pajamanan. Rupana Ki
Ompong lain buuk anu gondrong dina jaman hideung, tapi inyana geus ngarupa
pajamanan kiwari, ngan angger bae ompong na mah sarua bae teu robah. Dina
rupana kiwari, moal katebak ku jelema anu boga elmu pangaweruh hanteu
dibarengan ku rasa nu nyipta. Rasa nu lobana nuturkeun tungul-tungul anu
baheula nyipta ka sakabeh enya dina enyana, ngarupa jeung nganyipta. Moal
kacipta ku jelema jaman kiwari anu cenah boga turunan kagagahan. Sanajan oge
geus tujuh turunan. Sanajan geus sapeci bodas bari make sorban bari geus lecek
ku lalampah. Ki Ompong mah ngan ukur seuri ngadengekeun nu cumarita make
babasan elmu maraneh na dina jaman kiwari, nu sapeci bodas jeung sa sorban. Ki
Ompong teu openan, inyana numbar bae kahayang maranehna nu cumarita.
Jaman pajamanan, olohok uluhak ngalahek,
karesep na bari molor dina teu molor. Kadeuleuna molor, padahal teu molor,
inyana dina molor na kokoleyangan, hiber mesat bari hiber na dina teu make
jangjang, teu make jasad. Bari dina dohirna nyurudut cikopi anu geus cebrek ku
hawa tiis tina cihujan. Madep ka paku suka ratu, hampura ka karuhun Jasinga,
cik anu loma maranehna ceunah karuhun, ngan cik Ki Ompong mah, inyana budak
kamari keneh. Lain ngabudakeun, hampura ngaing, ja ngaing teu ngarasa
ngolotkeun sabab masing-masing hirup pajamana jeung ngain, cik Ki Ompong. Mola
nyipta lian teu ka cipta, mola ngaku uing turunan raja, ngan ngaing nyaksian
maranehna jaradi raja. Jadi raja dipajamanan.
Cipangaur karagagan hujan jadi robah
rupa, kawas cikopi disusuan. Cipangaur loba runtah nu ngalaun palid sagala rupa
campur. Ka hilir mawa carita, ka hilir mawa rasa. Anu teu kuat kana tetengerna
tinasti rarobah ku sahartina. Ki loa anu pageuh kana emingana, anger teu robah
sanajan saban waktu kateungar ku cai anu kacida kenceng na. Ki loa muragkeun
bungbuahan, komo buah nu geus bereum ku asakna. Lain deui tangkal cau nu
dipasisian, katarajang kabwa jeung bagalna katut turunanana. Ki loa paeh ku
umurna, Cipangaur gancang caahna gancang orotna, mana kitu oge teu jauh ti
huluna. Dina keur saatna pinuh ku babatuan, nu geude jeung nu leutik. Cipangaur muara ka Cidurian, anu caina terus
mapay ka laut. Ceunah baheula ki Ompong nyorang nyilup di Cidurian nu geus
ngahiliran, nu geus pinuh ku leutak jeung ku keusik. Anu batuna geus ngarikil.
Ngaing masih di Jasinga, unggal peuting
ngongko jeung batur-batur baheula, batur di bale rombeng. Nya nyacahkeun
masing-masing lalampahan. Baturan ratana geus jaradi kyai jeung ustadz, ngan Ki
Ompong anu teu jelas. Naon bae kasorang dilakonan kunu Ompong. Untung dina
untungna hanteu jelas. Ki Ompong ngan bisa ngadengekeun sagala cacaritaan
baturna, sampe ngabarogaan gelar kyai jeung ustadz. Untung oge hiji dua jelema
nu saeutik nyaho ka Ki Ompong. Eta oge dina nayhona teu jauh teu apal jelasna
kana lalakona ki Ompong. Maranehna geus jaradi ahli-ahli surga, geul loba
ganjaran anu dikumpulkeun ku maranehna. Ki Ompong mah siga-sigana asup ahli
naraka, teu sajalan jeung baturna nu jadi kyai jeung ustadz.
Cik nu jadi kyai jeung ustadz, satiap
laku lampah geus pasti ngahasilkeun ganjaran, eta ganjaran mangrupa tiket asup
ka surga, jeung pibakaleun dibaturan ku 70 widadari anu kacida geulisna, di
surga tempat na. Cai cur cor madu cai cisusu. Moal kudu weureu atawa
kamarakaan, jeung mun ngahiji jeung bidadari moal kudu nginum obat kuat sagala,
istana di surga tina lapis emas permata, emas citorek mah euweuh nanaonan.
Hayang naon bae tingal online di
surga mah.
Ki Ompong ngan ukur bisa ngabadungan
jeung seuseurian doang dina ka ayaan kitu teh. Inyana lain bae katingaleun
jaman, nu Ompong malah katingaleun dina nyieun ganjaran. Inyana jarang solatna,
keur hayang dina solatna oge sok bari susumputan. Boro raah sedekah, boroning
loba kahayang, solatna oge tara daek ngajamaah. Tarangna oge teu bau karpet
masjid, inyana jauh katingaleun. Boro bisa ngadua, kusabab teu jelas sagalan
oge sarua teu jelas.
Cik anu sasamping sapeci bodas, bari
make sorban dibarengan ku ngudud dina diuk silana, inyana ngomong ka Ki
Ompong, “Hirup kudu boga elmu, ngarah
sagala bisa kacipta. Ku papada oge pada dihormat. Keur hirupna pada ngahormat,
dina paehna loga nu nyolatkeun, dina kuburna loba nu ngajarahan”.
Ki Ompong mah katingaleun dina
ngaelmuna, dina hirup na oge teu jelas. Boro raah bisa nyipta ja teu boga
elmuna. Boro rek dihargaan ku jelema, dina hirup na oge teu boga nanaon. Nu
Ompong jaga dina paehna boro aya nu ngajarahan, boa mah jadi bobongkong. Ki
Ompong katinggaleun sagalana. Hanteu jadi nanaon, inyan ngan meunang cap Piala
doang. Dina keur jaman ngobong oge di bale rombeng, Ki Ompong mah teu jelas.
Pagaweana ukur molor, ngaliwet, jeung kekenyoh samalah mah sok bari
unjang-anjang kanu cawene. Munasabah inyana balik ti kobong lain mawa kitab
sagala rupa, inyana malah mawa kitab antingan anu kiwari geus anakan. Mondok
inyana di sababaraha tempat, hiji oge teu daek matuh. Loba wawuh jeung anu
disebut ajengan, tapi teu ngajengan. Inyana ki Ompong katingaleun jaman. Jaman
dina momondokan.
Nu sapeci Bodas bari disorban, kacida
sumangetna magahan ka Ki Ompong. Geus jelas jauhna ngabedakeun ahli surga jeung
ahli naraka. Ku wajarna pugah-pagah ka Ki Ompong, ja inyana mah memang tokoh
jeung tokoh. Geus boga pangkat kyai haji, ari ki Ompong mah budak kamari.
Ulahning jelema, kebo oge tukangeun imah ngaleos bae.
Ngelepus ngaroko bari sakapeung ngaregot
cikopi cap Piala, Ki Ompon katimu jeung batur na, nu sa umur-umur ngajar di
madrasah bari jeung teu diangkat-angkat jadi pagawe negeri. Sarua rada teu
jelasna, rada sarua teu jelasna. Ka kurung ku pangkat guru madrasah, ka kurung
ku pilemburan anu panatik kana sareatna. Ka kurung ku kakayakinan kolot-kolot
baheula. Manehna rada bae kakiceupan ku ki Ompong. Ngan can wani kokolearan
diluar lemburna. Ceunah, menehna boga kolot anu hirupna di tiap pajamanan. Anu
geus moal ka akalan ku akal jeung katalar ku nalar dina jaman kiwari. Manehna
repe muka sajarah kolot-kolot baheula, katut muka keun ajaranana. Ki Ompong
rada bae katimu jeung lawan layan. Lain lawan kanu ngajak kanu caang, ngan mun
kitu teh masih make keun keneh kajasingaan. Inyana masih ngalobakeun
karasmenan. Karak saur, jeung eceuk can wani ngolah ku sorangana.
Cipangaur herang oge mun keur halodo,
usum hujan mah ngarobah warna. Mawa kokotor mawa carita, pinter jeung bodona
kumaha cik ilaingna bae. Mana kitu oge Ki Ompong mah nuturkeu bae kaman bae
angin hayang niupna. Sabab geus wancina nu handap naek ka luhur, nu luhur kudu
daek nyorosot ka handap. Nu buri geura ka hareup, geus ka hareup mah kumaha
ilaingna bae. Cipangaur geus ngarobah rasa. Mundinglaya ti pajamanan.
(Ki Ompong Puger)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar