Rabu, 20 April 2022

Tuturan Muasal Kapugeran Rangkasbitung

 Nganyam Ngaran

Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasoléngkrah nyaruntah dina galeuh lelembutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti sétra bersihna ati, geusan nampa jorélatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.


 
Ku ucapan kalimat syahadataén, anu netepkeun pagustén, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arék lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha ogé, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rék monteng, najan loba nu muntangan.

 Salam...! salam....! salam ngaing kanu boga bumi kanu boga alam. Salam ka angin isuk, ka angin beurang, ka angin sore jeung ka angin peuting. Salam ngaing ka mata poé, salam ka bulan jeung ka béntang. Salam ngaing ka sakabéh karuhun, karuhun nu di luhur, karuhun nu di handap, karuhun nu di gunung, karuhun nu di cai, karuhun nu di laut, karuhun nu di darat.

Salam ngaing ka anu cicing tipakulonan, anu cicing ti pakidulan, anu cicing ti pakaléran jeung anu cicing tipawétanan. Ngaing mumuluk isuk-isuk jeung kopi, jeung gogoréngan sésa nu keur peuting cacahan papadu.

 Puuun! Sapuuun!

Ngaing jurungkeun, neuk ngaguar neruskeun deui cacaritaan, nu cacaritaana cacaritaan baheula jeung cacaritaan kiwari. Ka dulur anu di gunung, ka anu keur nyipta coretna. Ngaing nyélup kana cai, ngaing ngapung ka awang-awang, ngaing nyurup kanu éling, kanu boga lakon sumdadi, suma ati suma rasa.

 Ngaing salam ka anu cicing ti Parigi, anu keur ngahudangkeun anu tibra kawalon jaman. Ngaing ngudud sumudud, bari marupuyan kanu haladir merbayaksa. Nu hadir....! nu hadir...!. Haseup anu ngelun mawa sesengit tiap-tiap pajaman anu geus kasungsi, pajamanan nu kiwari jeung pajamanan anu bakal kasorang. Prak geura hadir.

 Dina hadirna karuhun dina rupa angin. Dina hadirna ngarupa sesengitan. Dina hadirna ngarupa manuk, dina hadirna ngarupa waruga anu aya. Di saung anu Ompong ti kamandalaan, dina ngamandala sabari ngudud dina cumudud. Nu Ompong ngabelesat heula ka ka gunung Sabagi jeung ka gunung Bongkok, gunung curalit culat curalit. Gunung anu garulamping ku babatuan badag, dihariringan ku sora cai nyurug salebaheun sindang kaagungan anu kasebut curug tujuh cik nu nyaraho.

 Ébreh.... ngébréh! Aki nini anu ngeus ngaruhun. Salam kanu keur seuri hulu botak, buukna nyésa saeutik bari geus pinuh ku huwis bodas, jeung salam ngaing ka nini-nini anu kuer jongjon nyisig. Dina seupahna lain nyisig ukur daun seureuh tapi nyisig hate anu manteng kanu Maha Agung.

 Pun sapun.

Ka anu keur ngadeg di gunung Sabagi! Inyana anu ceunah katurunan Aki Hideung jeung Nini Hideung. Anu ngeus ngarewu tahun ayana. Salam ka anu keur ngaguar cacaritaan, ieu téh cacaritaana anu bo-boa moal didenge ku jelema-jelema anu ngarasa pinter, lain pinter sabenerna. Sabab ngaran oge ngarasa pinter, ukur ngarasa. Sabab ngarasa pinter hacan tanawuruh aya dina bener jeung jujur.

 Keun teuing. Aki! Nini! Hampuraaaaaaaa...! Kuring neuk ngaguar deui carita. Anu ngaguarna carita ka budak anu di Parigi lebah Citorék. Ngaing budak kamari, Budak Ompong anu teu puguh, teu puguhna dina sagala kahayangna. Sabab diténjo teu jelas, sabab kumaha anu mawana baé jeung kumaha anu katimuna baé jeung kumaha anu karasana baé. Sabab asak-asak ngarasa dina ngolah rasa.

 Salam...! Kanu geulis anu ti Parigi Lebah Citorék, anu ngagaduhan rarai kacida hadéna. Herang mencrang gegenclangan. Salam...! Kanu geulis anu ti Lebak Cawéné, anu ngadaguhan buuk kacida panjang, ngarumay nepi tungtung bitis, bari beungeutna kingkilaban. Geulisna kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin. Salam...! Ka nini anu ti gunung Ciawitali, anu paneuteupan matak ragag jajantung, awak leleus ibarat kabayuan nalika ningali kageulisana. Salam...! Ka nini anu ti gunung Bongkok anu keur pada seuri. Anu dina seurina matak tentrem ayem dina sukma katut raga.

 Salam........!

Ka sakabéh anu gareulis nu aya di kolong langit.

“Kunahaeun para aki, para béwokan caricing baé?”

“Antep baé ja lain wayahna, lain tahuna, ja bongana ayeunamah taun awéwé”.

“Naha ku pedah-pedah taun awéwé, para béwokan kudu caricing baé?”

“Teu kudu cicing dina benerna mah, tapi sabab geus apal kana lakonna”.

“Kutan kitu horéng nyah!”

 Anu Ompong jongjong cacamuilan ngakan cau, cau anu pangiriman tinu boga ngomong béntés dina béntésna keur pinter jeung resepeun ngomong. Tadi mah basa beurang datang dulur nyampeurkeun anu Ompong, dulur anu boga karasmén.

“Karasmen naeun....?”

“Dina karasmén Cimandé”

“Neuk naeun datang ka tempat anu Ompong?”

“Hayang ditanjeran cénah”

“Najeran naeuna?”

“Éta cénah hayang ditinyeran, geusan ngahayukeun budak kiwari dina olah kaulinan para karuhun”.

“Naha geus wayah kitu? Kaulinan karuhun jeung budak kiwari?”

“Nya geus parék kana wayah na. Dina wayah ngamumulé widang seni hirup ti karuhun”.

“Kaulinan dina Cimandé anu mana?”

“Geus teu kudu dibéda-béda ayeunamah. Peun baé neuk Cimandé Girang atawa Cimandé Hilir ogé, ja angger Cimandé kénéh baé. Hartina nungal, dua tapi angger éta-éta keneh baé”

“Kumaha ngolahna ka budak jaman kiwari?”

“Ajak généngan, supaya budak kiwari resepeun kana kaulinan karuhun urang, Cimandé ngarana”.

 Sabab lamun geus minande dina hade puseurna, bakal nyaho jeung apal kana gégénjéranna. Sateruna bakal apal jeung wanoh kana puseur anu jadi puger saantukna anu disebut Kapugeram kiwari.

 Salam....! Salam....! Salam....!

Salam....! Ka Aki Dagul.

Salam....! Ka  Aki Resi Maya Sakti.

Salam....! Ka Aki Manah Rasa.

Salam....! Ka Aki Kancil.

Salam....! Ka Aki Maung.

Salam....! Ka Aki Jodar Jadar Jadir.

Salam....! Ka Aki, ka Nini! Geus wancina diharudangkeun. Geus teu kudu anéh....

 Salam....! Salam....! Salam....! Ka para karuhun anu ngancik ti tiap pajamanan. Geus geura harudang...!

Salam ka ahli-ahlina...!

Salam ka anu natas...!

Salam ka anu nitis...!

Salam ka anu notos...!

Salam ka anu nutus...!

Salam ka wanoja anu bisa kelid, anu bisa mapatkeun kana kabisana. Salam! Ka para Dangiang anu mawa kembang, kembang anu bisa ditembangan. Salam! Ka Ibu Déwi Gandasari,

 Kula......!

Budak Ompong anu baheula,

Anu tara mancat tina kekelidan, kaulinan.

Budak Ompong anu ueweuh kabecus, sabab loba molor.

Budak Ompong anu ngeun resepeun dina kendang kana tembangna. Bari molor bari kakawihan. Kawihna dina galindeng rasa jaman. Nganya dinya anyaman carita saban-saban jaman.

 Salam!

Salam! Ka anu boga eusina Sapta Aji.

Salam! Ka Bandung Wasa.

Salam! Ka Aji Geni.

Salam! Ka Aji Rasa.

Salam! Ka Ambu Kasunan.

 Pun sapun! Ka anu keur niup suling bari ayun-ayunan dina daun lontar, Aki Paksi Naya Sakti. Puuun sapun! Ka anu ti gunung Kendeng. Bulu patemu bulu, kulit patemu kulit. Urat patemu urat. Getih patemu getih. Daging patemu daging. Sumsum patemu sumsum. Panglamatkeun... Pangsirepkeun... Pangtiiskeun... Cep tiis ku kersaning Alloh robul alamin..

 Salam! Salam! Ka Aki ketug ka Nini Ketug.

Gusti Anu Agung,  anging Gusti anu nguninga kana sagala perkara anu wiwitan jeun anu lekasan. Anging gusti anu tiasa ngubaran, tina sagala kanyeri haté. Ka tali ku sahadat Ka tali ku ijab. Nya sugan angin teu mawa deui béja anu nyaritakeun kakawihan saban jaman. Anu teu saéstuna, ti jelema jaman kiwari. Anu teu nolih kana sajarah sabenerna. Sugan ieu carita Mugeran geus bisa kabuka.

 Angin sugan teu tarik niupna, sugan niupna teu siga puyuh anu ngaharudangkeun anu keur héés. Geus sinah ogé cai ulah iluan ngaguntur malidkeun anu aya.

Halimpu...,

Hasrén...,

Halooon...,

Lauuun...

Reg reureuh...

Reureuh heula. Reureuh, karunya kanu boga kalakuan. Ka hujanan, ka anginan, ka panasan. Jongjon baé heula, ngarana ogé anu keur ngélmu bebegig.

 Kamana nu cumarita nyucugan-nyucugan budak angon, ambéh naékeun tungganganan.

“Kumaha naeukeun tuggangana?”

“Iwal ti dirina, anu bisa ngalawan”

“Naha bet dimudukeun dirina?”

“Sabab inyana ngabogaan jati”

“Naha bet kudu jati?”

“Sabab sakabéh jelema mahluk anu sampurna, bari dipaparin puseur anu muger”

“Puseur anu Muger?

“Heug geura caritakeun, sabab poé ngeus samporét. Ambéh jelema loba aréling”

 Melekun bari nyuhun jaman. Jaman anu kiwari geus loba pabaliut kunu rupa-rupa akuan jelema.  Antuna kudu sila sumadepa.

Assalaaamu’alaikum.....!

Sampurasuuuuun...!

Salam ngaing...!

Ka para karuhun anu geus lila cicing.

Ngaing ménta dihampura

Ngaing neda panghak sami...

Ngaing neuk mukakeun carita sajarah

Sajaran anu dina saénya-ényana.

 Sajarah tigubrag ngaing lahir, gubrag ka alam wenang tug datang ka ngaing Ompongan, anu cicing ti lembur ieu. Lembur anu loba ngandung sajarah, lembur anu geus ngatus-ngatus, ngabad-ngabad taun dipopoho. Dipopoho ku anu geus nyorang ngalaman dumuk. Lembur anu museur kapuger, lembur anu geus loba dipohokeun ku sakabeh anu sok mieling kana milangala Rangkasbitung. Enya, eta lembur geura mugeran.

 Ngaing anu boga jasad kiwari. Ngaing anu hirup jaman kiwari. Anu kiwari bulan jumadil akhar, taun dua rebu tujuh wélas. Anu kiwari di ratuan ku wanoja. Anu geus muluh jelema anu jaradi raja ratu ti Wanten Palebakan sagigireun Kapugeran, anu kaputren jeung karatona istanana aya di ieu lembur.

 Ngaing lain saha-saha. Ngaing kupédah geus heubeul dumuk di kampung ieu. Ti mimiti aki, ti nini, ti bapa, ti indung ti para karuhun, anu geus muluh, jeung ratusan, anu nyésakeun paésan jeung tangkal karoya, jeung tangkal anu nyésa. Moal aya Pasir Tanjung, sakali deui! Pasir Tanjung lain Gunung Tanjung, lian ti lembur ieu anu mawa dingaran Kapugeran. Moal manggihan ngaran lembur anu mawa ngaran Kapugeran, sabab Kapugeran ngeun hiji. Kapugeran anu baheula jeung anu kiwari, tara robah jeung moal robah.

 Salam! Salam! Salam!

Ka para karuhun, ka aki, ka nini, ka bapa, ka inung...! Ngaing manusa kiwari, ngaing jelema kiwari. Ménta hampura panghak sami, menta ridona, ménta doa tangtung ti kolot. Bilih jeung bisi lali létah jeung ti solédat carita, bisi nyalah dina ugerana, bisi ngagilek tina nyatana. Kapugeran teu bisa dipisahkeun jeung Pasir Tanjung. Pasir Tanjung lain Sabagi. Pasir Tanjung anu baheula, anu aya lebah Kapugeran.

 Hampura! Hampura! Hampuuuuuraaa! Ka anu cénah, cik cénah..., anu boga diakuan, bari jeung ngakuna dina aku-akuan, ceuuuunah éta ngaku Pasir Tanjung bobogaan uyutna baheula.

“Saha uyut baheula?”

“Éta buyut anu boga dingaku-ngaku”

“Ngaku boga naeun?”

“Inyana ngaku, pajarkeun Pasir Tanjung bobogaan uyutna baheula.”

“Buyut neun cénah anu miakuna?”

“Bubuyutuan..., sabab dina ngaku akuan anu teu dimangkukna”

“Sabab teu dimangkukna?”

“Sabab Pasir Tanjung boga karuhun baheula, anu di aku ku jelema baheula anu mawa ngaran ki lurah”

“Ki lurah atawa ku murah. Keh keh keh ke heula bisi ngaing salah dina denge?”

“Ki lurah jeung ku murah.., atu sarua baé dina jajabelna mah”

“Naha sarua, pan béda rupa?”

“Enya rupa anu béda, tapi esuina éta- éta kénéh”.

“Dikumaha.., ngaing teu surti maksud ilaing?”

“Enya ki lurah, ku murah. Piahartina mah, lurah anu gampangan”.

“Gampang kumaha?”

“Enya éta..., naha ku murah jeung gampangan dina ngaku-ngaku patempatan boga karuhun anu lian”.

“Mun kitu mah sarua baé meureun jeung ngajabel boga deungeun....?!!”.

“Kuteuing kukumaha ogé! Kumaha ilaing baéé dihartikeuna mah”.

Ngaing ngeun nyaritakeun, carita ti anu teu kadeuleu ku mata, dina carita anu teu kadéngé ku ceuli.

“Tapi bisa kadeuleu anu nyaritana lain ku mata jeung bisa kadéngé anu cumaritana lain ku cueli”

“Jelema kitu anu bisana?”

“Enya jelema kénéh...! anu bisana”.

“Pan ngaing jelema! Naha ngaing teu bisa ngadeuleu jeung teu bisa ngadéngé anu ku ilaing dimaksud?”

“Ilaing hacan bisa, sabab.....”

“Sabab kumaha?”

“Éngké ogé ilaing bisa ngdeleu lain kumata, bisa ngadéngé lain ku ceuli”.

“Kudu ku naeun deuleuna, jeung kudu ku naeun déngéna?”

“Deuleu ku jatina jelema, déngé ku rasa dina rasana jelema”

“Hartina....?

“bisa kadeuleu anu nyaritana lain ku mata jeung bisa kadéngé anu cumaritana lain ku cueli, mun éta jelema geus pendak panggih tepung jeung jati diri pribadina sorangan”.

“Allooohhu’akbarr...!”

 Hampuuuura...!

Moal aya lembur Kapugeran.

Moal aya pamaréntahan

Moal aya istana dayeuh.

Moal aya anu ngarajaan ti Wanten Palebakan.

Moal aya Kapugeran.

Moal aya Rarangkasan awi Bitung.

 Hampuuuuraaaaa....! Ka anu kiwari cicing di Sabagi. Ti Gunung Sabagi! Anu baheula baheulina, mugar-mugar, mugara, mugar tug mugar pilembureun, pelamburan, lembur anu mawa ngaran Kapugeran. Mugar palemburan kusabab meunan pancén ti karuhuna anu aya di Lebak Cibedug.

 Hampuuuraaa...! Ka anu ngaku turunanana.

Hampuuuraaa...! Ka anu pinter maca Qur’an na.

Hampuuuraaa...! Ka anu pinter coret kitab konéng.

Hampuuuraaa...! Ka anu pinter ngomong, sabab cénah cik kitab, cik omongan para guruna.

Hampuuuraaa...! Ka anu sakola tolab élmu nu luhur

Hampuuuraaa...! Ka anu geus jeung keur jaradi lulugu.

Hampuuuraaa...! Ka anu geus dikolotkeun, geus jadi pini sepuh.

Hampuuuraaa...! ka anu ceunah geus bisa ngiuhan jelema nu loba.

Hampuuuraaa...! Ka anu geus loba harta turunanana.

 Hampuuuraaa...!

Kula budak anu loba talédor dina talédorna.

Talédor keur dijieuna.

Talédor keur digeudékeuna.

Talédor keur dina cacampuhan gagaulana.

Talédor keur dina guguruana.

Talédor keur dina deungdeuleunana.

Talédor keur dina dédéngéana.

Talédor keur dina omongana.

Talédor keur dina rarasaanna.

 Hampuuuraaa....! Ka sakabéh mahluk anu geus ka aniaya, anu geus ka usir ti patempatan, anu geus béak patempatana. Hampura!. Hampura! Ka mahluk anu geus ka usir ayeuna jadi patempatan paimahan, pagedongan, pamaksiatan, pamujaan, sabab geus katuntut ku kodrat pajamanan. Hampura! Ka anu hayang nyiptakeun lembur pakampungan, anu jelemana ambéh loba éling kanu pangélingna.

 Hampura! Kanu geus capé nyieun dinasti ku totopong bodas. Kapugeran baheula jeung kiwari anger baé kapugeran. Sanajan geus robah dina pangeusi jeung pangrasana. Atuh Kapugeran tetep baé Kapugeran. Hampura! Ka anu baheula dahana béngkok anu geus ngarumbay ngahalangan jajalaneun anu geus ditebas geus dicaangan. Hampura! Ka para karuhun, anu papaésna geus jadi beton imah jaman kiwari. Geus lain pajalanan, geus lain alam, geus lain kahayang. Kapugeran anu kapasiran tangkal tanjung. Anu ka pegatan cai pakawinan Cisimeut, Ciberang. Anu kabetonan ku wangunan pagedongan, anu tempat para pagawé pamaréntah.

 Kapugeran anu baheula....., Kapugeran anu leuweung kolot, anu leuweungna leuwih poék, leuwih kolot ti leuweung Lebak Cawéné. Kapugeran anu baheula, anu dipuger ku hiji kolot anu ti pakulonan. Hiji kolot anu ayeuna teu jauh, kolot anu kiwari masih aya kénéh, anu teu jauh. Kiwari aya gunungan anu karanganna anu deukeut basisiran.

 Heueuh enya, kolot anu kiwari mimiti ramé kunu rajol daratang pada-pada hayang ngadeuheus ka gunung Sabagi. Kapugeran geus kudu leuwih, geus kudu kakoncara, geus kudu pada nyaraho. Lain sa Rangkasbitungan baé, lain sa Palebakan baé, lain ukur sa Wanten hungkul, lain ukur dikanyahokeun ku Nushantara baé atawa ukur jelema barule. Kapugeran geus kudu nyuar jeung nyuar ka sakabeh jagat, ka sakuriling bungkin dunya.

 Hampura! Ka anu keur dicakraan ku kayakinan.

Hampura! Ka anu keur tapa ku kayakinan.

Hampura! Ka anu keur mencétan tasbéh ku kayakinan.

Kapugeran bongana Kapugeran. Kapugeran anu kapageran ku masing-masing karuhuna, ku kayakinan. Kapugeran!

 “Saha anu mugerna cénah.....!?”

“Aki anu jangkung, anu mugerna, anu ngeusi ieu lembur pilemburan” cik nini Cempaka Putih.

“Ari aki anu jangkung saha?”

“Aki anu jangkung éta salaki nini” cik nini Campaka Putih.

“Naha geus bara taun ayana ieu pilemburan anu mawa ngaran Kapugeran?”

“Mun ngali-ngali mah, ngalina dina ratus jeung ngewu taun. Anu dina ngadegna Kapugeran geus pinunjul tina sapuluh ngalina” cik nini Campaka Putih.

“Jéntréna ti taun sabaraha ngadegna Kapugeran?”.

“Atuh nini mah teu nyaho mun dikituna mah. Ngan éngké ogé kapangih kunu ka hareupna” cik nini Campaka Putih.

 Ki Ompong ngaraga meneng bangun anu pansarana ku ayana dimimitiana ngaran Kapugera. Antukna nanya deui ka nini sabari neuteup anteup bari ngarepkeun nini daek ngajawab.

“Kumaha dina heugna, sabab hayang dinyaho kiwari mitian ayana Kapugera?”

“Atu ngeus ngewu jeung ngatus taun dina mitian na” cik nini Campaka Putih.

“Tah geuning. Naha can écés ka ngaing téh!”

“Ecéskeun baé ku rasa ilaing”

“Naha kudu ku rasa?

“Sabab moal kadeupaan lalakon kapugeran anu sabenerna ku jelema jawan kiwari”

“Mun heug saugerna dina pajamanan Silokanagara mangkukna?”

“Saméméhna, dina saméméhna Silokanagara ogé ngeus jadi puseur anu kapuger ngajadina Kapugeran”

 Nini Campaka Putih mangrupa hiji nini anu dina jaman baheula kacida geulisna, inyana mangrupa pamajikan ti hiji kolot anu ngawitan muka lembur anu mawa ngaran Kapugeran kiwari satukangeun Gedong Gupati Lebak.

“Naha atuh di mana kula mun hayang nyaho ka pasaréan nini?”.

“Nini mah teu aya cirina dina tugu paesan, sabab paesana geus éléh ku pajamanan”cik nini Campaka Putih.

“Terus kumaha mun hayang patepung jeung nini?”.

“Atu hampang baé éta mah. Mun nini datang, nini mere ciri ku seuseungitan” cik nini Campaka Putih.

“Dina seungitna seungit kumaha?”

“Mun seungit kemang malati jeung seungit campaka bodas éta cirina ti nini” cik nini Campaka Putih.

“Nini anu kiwari sangsi ku salah dibéré jujuluk ku anu baheula naréangan pakaya dina jalan keur salah. Ku jalan salah kucara mumuja kanu teu aya. Keun teuing, antep baé ambéh ngahaliwerkeun ka jelema anu tina jalana anu salah” témpas nini Campaka Putih.

 Sabot anu Ompong ngahuleng, nini Campaka Putih neruskeun deui cacaritaana. “Baheula cai pangawinan aya diburuan imah anu alurna geus robah ku jaman. Baheula ti cai ka darat pohara unggahna”

“Atu dina ka ayana leuweung kénéh meureun nini?”

“Geus pastina baé leuweung mah. Ja ngarana ogé jaman baheula” cik nini Campaka Putih.

“Kumaha ka ayaan leuweungna?”

“Enya. Loba tangkal kai anu sageudé-geudé beuteung kebo. Geus puguh pangeusi jurigna mah” cik nini Campaka Putih.

“Naha kuloba jurig, hanteu mantak kitu éta jurig téh nini?”

“Antep baé jurig mah, sabab moal ngamamala lamun teu diusilan mah, pan inyana ogé sarua, najan jurig ogé sarua ciptaan Anu Kawasa” cik nini Campaka Putih.

 Pikumahaeun lamun téa jeung téa mah éta nini Campaka Putih hirupna dina jaman kiwari. Neuteup rarayna kiwari siga-siga daun suereuh, kulitna dina kulit anu mani nyeplok bodas, lir ibarat bodas kembang malati jeung bodas kembang camapaka. Geus dina pastina baé kaayaan inyana dina rupa wanoja anu gelisna kawanti-wanti. Geulisna kakoncara sa amparan jagat.

 “Teubéh mana anu jadi wates Kapugeran?”

“Pilemburan ieu baheula, watesna kaliung ku cai jeung ku papasiran. Kawates ku dua kali pangawinan. Pangawinan Ciberang jeung Cisimeut, jeung ka hilirna ku Ciujung. Ka pasirna ka nanjung, ka ngaung ka ranji. Ngarana ogé pasisian cai, salebahna pasisian loba awi bitung ti mimiti beulah girang tug ka lebah hilirna”. cik nini Campaka Putih.

“Saha anu ngamimitian cicing di Kapugeran, sanggeusna di buka ku salaki nini?.

“Atu nini, nini bojo anu kahiji jeung cicingna didieu” cik nini Campaka Putih.

“Naha sabaraha kitu bojo aki?.

“Bojo aki aya duaan, nini jeung nu itu anu kadua” cik nini Campaka Putih.

“Anu kadua di mana cicingna harita?

“Anu kadua mah, inyana ilu jeung aki ka girang, ka Gunung Sabagi” cik nini Campaka Putih.

“Saha turunan nini didieu, di Kapugeran?

“Nini boga turunan ti dieu lalaki tilu, cawéné hiji” cik nini Campaka Putih.

“Saha ngarana...?”

“Ulah kudu disebut, éngké ogé pada nyaho” cik nini Campaka Putih.

“Jeung anu ilu ka girang, aki boga sabaraha turunanana?”

“Anu ti girang boga anak tujuh. anu cawéné tilu. lalaki opat” cik nini Campaka Putih.

 

Karék bérés kupanyelang kunu boga lakon Sanghyang Chandra. Kunu kapesék dina yakin kanu Tunggal. Kulima malikul hak hakul yakin. Masing-masing tugas masing-masing lakon. Aya nu ngabuka aya nu ngabangun jeung tinasti aya nu ngeusi. Nya ngarana ogé nu ngeusi, nya kumaha cik anu nguesina, cik nu ngabangun nya kumaha cik anu ngabangun, aya cik nu muka, nya kumaha cik nu muka...

 Rajeun keur ngopi di saung bari nyeluk dulur nu dumuk di pagunungan Citorék, lebaheun Parigi, enya ngopi bari ngopi kapal seuneu, lalayaran teu puguh angkuhna nuturkeun kana hiliwirna angin, nu ngahiliwir bari méré béja. Angin Ka kidul milu ngidul, angin ka kalér milu ngalér. Lalayaran lain di tengah sagara, lain ogé lalayaran di tengah nusa, tapi layarana lalayaran di awang-awang. Lalayarana tumpak lisung, ari lisungna lain boga nini lain lisung boga aki. Ngaing mah lalayaran baé, di mana ngaing mumuja jeung mumuja ka zaman anu loba cawisana jeung riwayatna. Aya bulan, aya béntang.

 Ngeun hanjakal...! ngeun sa ukur dina sorot mata jeung angen-angen. Puguh mah..., puguh namah teu puguh, ka mana anu nyata jadi teu nyata. Nalika anu nyata? Sabab sadar ku purwadaksa. Ambuing...., hanteu salah boga mata komo bari boga rasa. Ambuing...! cai amis sabab digulaan, pait keur euweuh sarian kusabab euweuh gulaan. Ngarana ogé lalayaran nu teu puguh dimangkukna bari maké lisung lain anu aki lain ogé anu nini, nya heueuh ngaran ogé lalayaran di awang-awang.

 Ngaing loa kabingung, hate lalayaran teu puguh dangdingna. Dina ngeusian hirup pajamanan kiwari, ngaing asa teu ngabogaan lalajer. Lain salah di indung anu ngandung, cénah keur dina rumasa datang ana bebendon téh, haténa tumarima lain digara-garakeun ku batur éta bebendon, tapi bebendon datang ku sabab digara-garakeun ku laku lampah dirina sorangan. Da bongana tadina tilok ngadéngé omong pagah kolot.

 

Puseuran jadi Pugeuran

Puuuuuunn! Sapun!

ka sakabéh anu di handap. ka sakabéh nu kumelip nu arusik, nu ngawaruga, dina wujud séwang-séwangan, ka sakabéh, nu kadeuleu teu karasa, nu kaambeu teu kadeuleu, teu kadeuleu tapi aya... ka sakabéh nu garedag, nu lumampah, harirup jadi pangeusi nyaricingan jagat alam ieu!

 paralun! Ngaing neda panghak sami. Mipit amit, neuk ngala bari menta! “Geus gera nyurup ka katurunan biang Kaluwihan, sabab geus lain pajamanan” cik budak Ompong. Ngudu camedud nu Ompong molah rasa dina batin patineungan pangancikan. Anu surti tina jati, jati nu karasa dina surtina. Nurutkeun ka anu boga carita, carita dina kakawihan, kakawihana nu kawihna nganyam carita saban pajamanan. Anu keur budakna gogondrongan, anu kiwari gugubrutan jeung jenggotan doang domba pagunungan, bongana mémang budak ti pagunungan Citorék nu ayeuna.

 Diboro geuwatna jeung gancangna. Urang guar Puseuran jadi Pugeuran. Baheula-baheulina teumpat kolot nyieun pileumburan laju pindah teumpat deui ka girang laju meunang sabaraha turunan ti girang balik deui ka leumbur anu asal. Lembur nu asal eta disebut puger nu ngabogaan harti dibuka atawa rurukan tempat mimitian cicing. Ngaran geus kacida lilana ditinggalkeun, nalika dipake deui lembur laju bae leuweung ro’otan leuweung geude tatangkalana, jadina leumbur  kapugeuran kasebutna.

 Ayeuna mah urang sampeur baé galuran ti Pugeran Palebakan. Palebakan anu ambahana wewengkonna ka asup kana Wanten kiwari, Kapugeran anu ngabogaan sajarah saban jaman, ngeun hanjakal can aya nu ka koreh ku pituin Palebakan anu mana-mana ogé. Samalah mah, anu ngarasa dirina pinter jeung ngabogaan kakawasaan, hanteu arengeuh kana sajarah Kapugeran. Kiwari sajarahna malah nyiliwuri, sajarah karuhun Palebakan anu jocongna aya Kapugeran bet siga leungiteun tapak. Angot kukituna, sabab dipalebakan leuwih reueus lamun muka carita dongeng urang bule anu kasorang hirup di Wanten Palebakan.

 Caritaan raja-raja Wanten Palebakan anu puseurna di Kapugeran anu dipuger (dibuka, ngabukbak leuweung) ku turunan Aki Nini Hideung ti Lebak Cibedug. Kapugeran ti baheulana geus puguh Kapugeran. Puger Palebakan nya éta Kapugeran baheula. Dina baheulana anu baheula, anu jauh samemeh aya Narumanagri. Memeh aya Kamulyan Medang. Baheula Kapugeran Palebakan geus aya, samemeh aya Pajajaran Galuh Pakuan.

 Ka anu boga ngaran Hyang Atna Wirajaya Singhadarma.!

Tug ketug, kanu ngetug...

Nutug aki, nutug nini.

Nini Puger Campaka Putih.

Nini Tanjung Sekarwangi.

Nini anu ilu ka Sabagi.

Aki Nini Hideung karuhunna.

Anu nyangking sabundereun Paseban Geung Cibedug.

Keun heula tah jongjon nu ngintip ti Parigi.

 

Duuuuuuhhhhh.....!!! ngaing kumaha nyiptakeuna, ngaing kumaha nyipataanana, ngaing kumaha nyiptakeuna, nya nyiptakeun tina panenjo dicipta ngajadi carita. Nyiptakeun tina carita ngajadi corét ngalontar. Asa kupamohalan kudu aya jelema anu nolih. Sabab arinyana teu atoh mun disebut katurunan ti Kapugeran. Ngaing himeng, ngaing ngumalindeng. Rasa ngain jadi sasalewiran ibarat nurutkeun angin.

 Pun! Sapuuuun!  panghak sami.

Ngaing sapuuun ka karuhun-karuhun, Karuhun-karuhun anu ngamimiti di ayana Rangkasbitung Palebakan Wanten, cungapna dimimitian ku Pugeran anu robah ku jaman jadi Kapugeran. Kuthagara anu sabenerna.

 Tunda heula, keun baé anu nyiar kana benerna sajarah Kapugeran di Rangkasbitung sabab éngké dina waktuna bakal ka buka, ka koreh. Éngké dina waktuna moal aya deui nu liana, bakal diganti ku anu asli ngabogaana, Eyang  Hyang Atna Wirajaya Singhadarma.

 Pun

Tabe pun

 

x